Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 27 April 2012

Fenomena Geng Motor Jeung Atikan Barudak

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على خيرالأنام سيدنا محمد وعلى آله وصحبه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فَيَا عِبَادَ اللهِ, أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّاىَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. وَتَزَوَّدُوْا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى،  وقال الله تعالى: وَالَّذِينَ يَقُولُونَ رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا


Puji miwah syukur langkung tipayun sumangga urang sanggakeun ka hadlirot Alloh SWT. Mantena teu liren-liren maparinan mangrupi-rupi nikmat ka urang sadaya, kalebet nikmat iman sareng islam, sahingga dina dinten  ieu urang tiasa sasarengan ngalaksanakeun to’at ka Mantena, nyaeta ibadah sholat Jum’at. Sholawat miwah salam mugia salamina dilimpahruahkeun ka tauladan urang sadaya, Rosululloh SAW, kulawargina, para sahabatna, tug dugi ka umatna dina mangsa kiwari, umat akhir zaman.

Dina saat-saat anu pinuh ku kakhidmatan ieu, saat-saat dimana kaum muslimin nungkulkeun masatakana madepkeun salirana ka hadlirot Alloh SWT pikeun ngalaksanakeun piwarangana-Na, ibadah Jum’at, sumangga urang luangkeun ieu waktos kanggo ningkatkeun iman sareng takwa ka Mantena. Mung katakwaan, anu tiasa ngabingbing sareng ngarahkeun kahirupan ieu kana kamulyaan anu sajati.



Hadirin kaum muslimin ahli Jum’at rohimakumulloh.
Dina sababaraha minggon kapengker, malihan dugi ka wangkid kiwari ieu sapalih media massa elektronik sareng cetak di urang masih nyuguhkeun warta-warta anu ngebrehkeun anarkisme, brutalisme, sareng tindakan-tindakan premanisme ti sabagian warga masyarakat anu diidentifikasi kelompok geng motor. Kelompok ieu, henteu mang-mang mintonkeun aksina dina bentuk balas dendam, kekerasan, sareng kajahatan ka pihak sanes, malihan pami peryogi ngareksak fasilitas umum, ngajarah, nganiaya sareng mateni saha wae anu dianggap ngahalangan kana maksudna sareng ngaganggu eksistensina. Anu dilakukeun ku maranehna diantawisna nyaeta babarengan nyieun aksi koboy babalapan liar, rivalitas pikeun nunjukkeun kakuatan, peradilan jalanan, sareng dina sababaraha kasus ngarempug jalmi dugi ka tiwas. Hanjakal nyali maranehanana mung hadir dina aksi solidaritas buta keroyokan sareng kekerasan sacara bergerombol. Da saupami dilakukeun ku sorangan mah, maranehanana moal wanieun alias sieuneun sabab teu ngamilik rasa tanggung jawab.

Gejala ieu parantos hadir di negeri urang kalayan ditungtungan ku kaprihatinan sababaraha pihak sareng rasa hariwang masyarakat tina ekses-ekses anu ditimbulkeunana, margi anu diakibatkeun tina aktivitas premanisme kelompok geng motor eta sanes wae dina bentuk karugian materi nanging oge karugian moril sareng korban jiwa. Saolah-olah jiwa sareng harta banda anu justeru numutkeun ajaran agama kedah dilindungi, sakumaha kaunggel dina maqashidusysyari’ah, dina pandangan maranehna mah henteu aya hargana. Kumargi sakitu, tindak-tindak kriminal sareng pidana anu dijalankeun ku kelompok-kelompok jalanan peryogi diusut sareng ditindaklanjuti ku penegakkan hukum anu tegas.

Kaum muslimin anu miharep rohmat Alloh.
Tangtosna oge prihatin sareng resah saupami anarkisme anu dilakukeun ku kelompok geng motor eta muncul di daerah urang sareng ngalibatkeun kulawargi atanapi katurunan-katurunan urang. Hal ieu henteu mustahil, saupami faktor-faktor anu ngadorong kana munculna geng-geng di tengah masyarakat  henteu kaantisipasi sareng kaperhatoskeun, diantawisna atikan agama anu kirang, pangaruh lingkungan sosial sareng pergaualan anu awon, informasi teknologi anu teu disaring sarta pangawasan anu teu optimal ti orang tua ka putra-putrina. Sakadar conto alit ngeunaan pangawasan atanapi kontrol sepuh ka murangkalihna, naha kantos terlintas dina emutan urang naon saleresna aktivitas anu nuju dilakukeun ku putra remaja urang  nalika dina waktos anu sami urang ngalaksanakeun ibadah Jum’at? Naha urang teu kantos uninga, yen salresena putra remaja urang, dtengah-tengah para ramana ngalakasanakeun Jum’at, aranjeuna nuju karukumpulan sareng balad-baladna di hiji tempat anu rada nyingkur ti ieu masjid ngan ukur pikeun ngarobrol sareng ngulinkeun HP batan ngalaksanakeun kawajiban agama, sholat Jum’at? Atikan sareng pangawasan sepuh janten faktor anu mangaruhan dina ngabentuk sareng ngawangun karakter murangkalih. Sae awonna akhlak sareng pamahaman agama murangkalih, sajabi ditangtoskeun ku lingkungan sareng pergaulan, oge gumantung kana model sareng cara atikan sepuhna. Rosululloh SAW tebih-tebih parantos ngemutan ka urang, yen satiap murangkalih anu dilahirkeun ka dunnya kaayaanana bersih, mung kadua sepuhna anu tiasa ngajantenkeun murangkalih eta Yahudi, Nashroni, atanapi Majusi:
كُلُّ مَوْلُودٍ يُولَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ فَأَبَوَاهُ يُهَوِّدَانِهِ أَوْ يُنَصِّرَانِهِ أَوْ يُمَجِّسَانِهِ
Numawi sakitu Rosululloh SAW parantos ngawanti-wanti sarta miwarang sangkan atikan agama sareng internalisasi nilai-nilai kato’atan ka Alloh dipelakkeun ti mangsa yuswa murangkalih masih keneh belia. Anjeuna ngadawuh:
مُرُوا أوْلادَكُمْ بِالصَّلاةِ وَهُمْ أبْنَاءُ سَبْعِ سِنينَ ، وَاضْرِبُوهُمْ عَلَيْهَا ، وَهُمْ أبْنَاءُ عَشْرٍ
“Parentah budak-budak aranjeun kana sholat nalika umur tujuh taun, jeung teunggeul maranehna lantaran ninggalkeun sholat nalika umur sapuluh taun

Kaum muslimin anu nyuprih rohmat Alloh.
Sakedap deui putra-putri urang anu parantos cekap yuswana dina nempuh jenjang pendidikan, bakal mayunan taun ajaran enggal. Dina palihan ieu urang gaduh tanggelwaler kangge ngajujurkeun aranjeuna. Teu aya lepatna urang ngemutkeun sakola sareng model pendidikan anu sakinten-kinten cocok sareng potensi atanapi kamampuhan anu dipimilikna. Urang tangtos miharep, ku pendidikan anu sae, putra-putri urang janten pribadi-pribadi anu cerdas sacara intelektual, cerdas sacara emosional, sareng cerdas sacara spiritual. Kaberhasilan sepuh dina ngatik-ngadidik putra-putrina sanes dicirikeun ku kamampuan nyakolakeun aranjeuna ka sakola-sakola elit mentereng anu mahal biayana. Nanging dugi ka mana para sepuh sareng lembaga pendidikan tiasa bekerjasama ngembangkeun sareng ngarahkeun potensi-potensi anu dipimilik ku anak, sahingga ngahasilkeun generasi-generasi anu mampuh ngajawab tantangan zamanna ku kacerdasan otakna sareng kalembutan hatena. Aranjeuna janten jalmi anu pinter tapi bageur, anu berfikir tapi berdzikir, anu cerdas otakna tapi mulya akhlakna.

Alloh SWT ngadawuh dina Al-Quran Surat an-Nisa’ ayat 9:
وَلْيَخْشَ الَّذِينَ لَوْ تَرَكُوا مِنْ خَلْفِهِمْ ذُرِّيَّةً ضِعَافًا خَافُوا عَلَيْهِمْ فَلْيَتَّقُوا اللَّهَ وَلْيَقُولُوا قَوْلا سَدِيدًا
“Jeung sakuduna ngarasa rempan saupama jalma-jalma naringgalkeun katurunan anu lalemah, rempan bisi maranehna kalantar. Ku kituna maranehna kudu sieun ka Allah jeung kudu nyarita ku omongan anu bener”

Numutkeun anu nyusun Tafsir Al-Muyassar, ayat al-Qur’an ieu ngajelaskeun, yen jalma-jalma kudu mikarempan saupama maranehanana maot sarta ninggalkeun barudak dina kaayaan laleutik tur lalemah keneh, barudak eta bakal tertindas sareng terlantar. Jalma-jalma sakuduna sieun ku Alloh dina ngurus barudak anu aya dina leungeun maranehanana saperti barudak yatim atawa anu sejenna, ku cara ngajaga harta-bandana, alus ngadidikna, ngajauhkeun maranehanana tina bahaya, tur ngucapkeun omongan-omongan anu adil tur alus ka maranehna.

Kumargi sakitu, pendidikan mangrupikeun hal penting anu kedah diperhatoskeun. Pendidikan janten benteng utami anu ngajagi murangkalih urang tina katertindasan. Sumangga murangkalih-murangkalih ieu urang jagi jati dirina, wangun energi positifna, kembangkeun potensi-potensina, sareng tebihkeun tina pangaruh-pangaruh negatifna, malahmandar aranjeuna janten jalmi-jalmi anu saroleh, tiasa ngabakti kanu janten sepuh, agama sareng nagarana, Aamiin Ya Allah Ya Robbal Aalamiin.
بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل الله منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن واله، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا َيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلاً سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَن يُطِعْ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا. أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, اللّهمَّ حَبِّبْ إلَيْنَا الإيمَانَ وَزَيِّنْهُ فِي قُلُوْبِنَا وَكَرِّهْ إلَيْنَا الْكُفْرَ وَالْفُسُوْقَ وَالْعِصْيَانَ وَاجْعَلْنَا مِنَ الرَّاشِدِيْنَ اللهم عذِّبِ الكَفَرَةَ الذين يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِكَ ويُكَذِّبُوْنَ رُسُلَكَ ويُقاتِلُونَ أوْلِيَاءَكَ اللّهمَّ أَعِزَّ الإسْلاَمَ وَالمسلمين وَأَذِلَّ الشِّرْكَ والمشركين وَدَمِّرْ أعْدَاءَ الدِّينِ وَاجْعَلْ دَائِرَةَ السَّوْءِ عَلَيْهِمْ يا ربَّ العالمين .

عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: