Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 12 Juni 2009

Kapamingpinan

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على سيدنا محمد خيرالأنام وعلى آله وأصحابه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون،  وقال الله تعالى: وجعلناهم أئمة يهدون بأمرنا وأوحينا إليهم فعل الخيرات وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة وكانوا لنا عابدين

Ma’asyirol Muslimin anu miharep rahmat Allah.
Wangkid ieu urang nuju haneut-haneutna nyarioskeun masalah kapamingpinan bangsa anu pamilihanana nuju diantos-antos. Masalah kapamingpinan mangrupikeun masalah anu kacida penting sareng strategis. Margi, kuayana masalah ieu nasib hiji masyarakat sareng bangsa ditangtoskeun. Sajarah parantos ngabuktoskeun yen salah sawios ciri masyarakat anu punjul tur ngawasa peradaban nyaeta masyarakat anu ngagaduhan pamingpin anu tegas, adil, berwibawa, mihak kana kapentingan rahayat, ngagaduhan visi anu kuat, tur mampuh ngahadirkeun parobahan kana arah anu langkung sae.


Dina ajaran Islam kapamingpinan mangrupikeun variabel anu kedah diperhatoskeun dina pangwanunan masyarakat, bangsa, sareng nagara. Al-Quran parantos seueur masihan gambaran ngeunaan ayana korelasi positif antawis pamingpin anu sae sareng tingkat kasajahtraan masyarakat. Diantawisna nyaeta kisah Nabi Yusuf AS, hiji nabi anu oge dipercanten nyepeng amanah ngelola keuangan sareng perekonomian masyarakat. Nabi Yusuf ku modal kajujuran sareng kacerdasanana mampuh nyalametkeun Mesir tina krisis pangan sareng krisis ekonomi anu lami. Nyakitu deui kapamingpinan Rasululloh SAW anu mampuh nyiptakeun revolusi peradaban mung dina jangka waktos 23 taun. Anjeuna mangrupikeun tipikal pamingpin anu luar biasa tur teu aya tandinganana.

Hadirin Sidang Jum’ah rahimakumullah.
Numutkeun ajaran Islam, kapamingpinan mangrupikeun hiji amanah kakhalifahan sanes kaistimewaan. Amanah representasi langsung ti Allah ka manusa (khalifatullah fil ardl) kalayan tugas utama ngama’murkeun bumi dina koridor sareng konsistensi hukum Mantena. Ma’na ieu tiasa kaunggel tina dawuhan Allah dina Surat al-Baqarah: 30,

وإذ قال ربك للملائكة إني جاعل في الأرض خليفة
“Jeung inget, nalika Pangeran anjeun ngandika ka para malaikat, ‘Saestuna Kaula bakal ngajadikeun hiji khalifah di muka bumi’”.

Salah sawios ulama ahli siyasah (ahli katatanagaraan), Ibnu Taymiyah nyaurkeun, kumargi kapamingpinan mangrupikeun amanah maka dina ngaraihna kedah ngagunakeun cara anu sae, fair, jujur, sarta henteu ngalanggar hukum, sahingga praktek  kapamingpinan tiasa berjalan kalayan sae sareng leres.
Ngalangkungan perspektif al-Qur’an, kapaminginan sanes mung sakadar kontrak sosial antawis sang pamingpin anu kapilih sareng masyarakat anu milihna, nanging oge mangrupikeun kontrak/ perjangjian antawis anjeuna sareng Allah SWT. Ku ayana hal ieu maka kapamingpinan disebat amanah. Salajengna kapamingpinan nungtut kaadilan. Kaadilan anu tiasa karaos ku sadaya pihak, boh kawan atanapi lawan.
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah.

Para pakar netepkeun sababaraha kriteria atanapi sifat anu kedah kapimilik ku hiji pingpinan, nyaeta:

1. Shiddiq, nyaeta jujur sareng bener-bener dina ucapan, sikap sarta berjoang ngalaksanakeun tugasna.
2.     Amanah, anu ngajantenkeun anjeuna miara sasae-saena naon anu dipasrahkeun ka anjeuna, boh ti Allah atanapi ti jalmi-jalmi anu dipingpinna, sahingga ngawujud rasa aman kangge sadaya pihak.
3.  Fathanah, nyaeta kacerdasan anu ngalahirkeun kamampuhan mayunan sarta nanggulangi pasoalan anu muncul.
4.    Tabligh, nyaeta ngadugikeun kalayan jujur sareng bertanggung jawab naon-naon anu kedah didugikeun ka rahayatna, anu dina kiwari dikenal ku istilah katerbukaan.

Sifat-sifat ieu mangrupikeun sifat-sifat anu kedah aya (wajib) di diri para nabi sareng rasul anu hakekatna pamingpin kangge umat-umatna. Kalih ti eta aya sababaraha deui sifat sareng kriteria anu kedah aya di hiji pamingpin. Sifat-sifat ieu tiasa kaunggel tina al-Quran Surat As-Sajdah: 24,
وجعلنا منهم أئمة يهدون بأمرنا لما صبروا وكانوا بآياتنا يوقنون

sareng Surat Al-Anbiya: 73 (sakumaha diaoskeun dina awal khutbah), 

وجعلناهم أئمة يهدون بأمرنا وأوحينا إليهم فعل الخيرات وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة وكانوا لنا عابدين

Dumasar kana ayat-ayat eta kriteria pamingpin nyaeta: 1. Sabar sarta tabah dina ngalaksanakeun tugas-tugasna; 2. Yahduuna bi amrina, nganteur masyarakatna kana tujuan anu saluyu sareng pituduh Allah sareng rasul-Na; 3. Wa auhaina ilaihim fi’lal khairaat, kahadean tos ngabudaya di diri (calon pamingpin); 4. ‘Abidin, salamina ibadah kalebet shalat sareng zakat; 5. Yuuqinuun, pinuh kayakinan margi gaduh visi sareng misi anu jelas.

Kaom muslimin anu miharep rahmat Allah.

Kumargi sakitu sumangga urang jelang pamilihan kangge pingpinan bangsa sareng nagara ieu kalayan pinuh ku kadamean. Saha wae anu janten pingpinan engke mudah-mudahan anjeuna ngagaduhan kriteria-kriteria sakumaha disebatkeun  nembe sahingga tiasa nganteurkeun masyarakat sareng bangsana kana kahirupan anu langkung sae, baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur. Oge urang salaku rahayat tetep aya dina bingkai kasatuan, persaudaraan, sarta ditebihkeun tina sagala rupi marabahaya sapertos perpecahan, karusuhan sareng sajabina. Mudah-mudahan masyarakat sareng bangsa urang salamina aya dina panyalindungan Allah SWT, kasajahtraan, kama’muran sareng katengtreman lahir batin, aamiin....

أَقُولُ قَوْ لِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْمُ.


________________

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. عِبَادَ الله، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ جَمِيْعَ وُلاَةَ الْمُسْلِمِيْنَ، وَانْصُرِ اْلإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَأَهْلِكِ الْكَفَرَةَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَأَعْلِ كَلِمَتَكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ. اَللَّهُمَّ افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَّا بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

Artikel Lainnya:

0 comments: