Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 15 Juni 2012

Syukur Kana Nikmat Allah

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ. أَمَّا بَعْدُ, فيا مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُؤْمِنُوْنَ الْمُتَّقُوْنَ، وَتَزَوَّدُوْا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى، قَالَ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ،: وَإِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ.

Hadirin kaum muslimin rahimakumullah.
Proses hirup atanapi maot sanes wae kaalaman ku  perorangan, nanging oge ku kaum, umat, bangsa, rezim atanapi komunitas masyarakat anu sanesna. Seueur conto anu ngabuktoskeun kana hal eta. Dina kisah umat-umat anu tipayun, sakumaha kaunggel dina al-Quran, kaum Nabi Luth sareng Nabi Nuh kantos hirup di muka bumi ieu, nanging kaum-kaum eta dina mangsa kiwari parantos henteu aya deui kumargi  musnah sareng binasa ku hiji bencana dina mangsana. Nyakitu deui dina  sajarah bangsa urang, kantos lahir pamarentahan, wilayah sareng masyarakat anu dicepeng ku raja-raja, sapertos karajaan Majapahit atanapi  Sriwijaya. Karajaan-karajaan eta kiwari kantun namina wungkul anu dicatet dina lembaran-lembaran sejarah, sareng tapak-tapakna dina bentuk cagar budaya sareng barang arkeologi.


Allah SWT ngadawuh dina al-Quran Surat Yunus (10) ayat 49:

لِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلٌ إِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ فَلَا يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلَا يَسْتَقْدِمُونَ

“Tiap-tiap umat ngabogaan ajal (wates waktu). Saupama geus datang ajalna, maranehanana moal bisa ngundurkeunana sasaat oge, jeung oge moal bisa ngamajukeunana”

Salah sawios pakar katatangaraan muslim, nyaeta Ibnu Khaldun, nyaurkeun, lami henteuna umur hiji rezim gumantung kana opat generasi: generasi anu ngarintis, generasi anu ngawangun, generasi anu ngaraoskeun nikmat, sareng generasi anu ngareksak. Siklus atanapi puteran hiji rezim seueur ditangtoskeun ku generasi anu ngaraoskeun nikmat tina hasil generasi anu ngarintis sareng generasi anu ngawangun eta. Saupami generasi penikmat eta tiasa ngajagi nilai-nilai ideal rezimna, rezim eta bakal tetep nanjeur sareng panjang umurna. Sawangsulna, saupami nilai-nilai eta parantos henteu diperhatoskeun deui, maka bakal lahir generasi penghancur anu nutup kajayaan rezim eta.

 Kaum muslimin rahimakumullah.
Allah SWT parantos ngalungsurkeun mangrupi-rupi nikmat ka umat manusa. Dumasar kana pituduh Allah SWT, panjang pondokna umur hiji umat, kaum, atanapi bangsa, aya korelasina sareng urusan sikep umat eta dina mayunan nikmat Allah. Kajayaan sareng kabinasaan eta umat ditangtoskeun ku sakumaha sareng dugi kamana umat eta tiasa syukuran kana nikmat anu parantos dianugerahkeun ku Allah SWT ka maranehanana. Dina Surat Ibrahim (14) ayat 7 Allah SWT ngadawuh:

لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ

“Saestuna lamun aranjeun syukuran, tangtu kami baris nambahan (nikmat) ka aranjeun, jeung lamun aranjeun ingkar (kana nikmat), saestuna siksa Kami kacida nyerina

Umat anu teu syukuran nyaeta maranehanana anu ingkar kana kurnia Allah anu dipaparinkeun ka maranehanana. Umat anu sapertos kieu, dina al-Quran, diancam kalayan tegas, jeung lamun aranjeun ingkar (kana nikmat), saestuna siksa Kami kacida nyerina.

Kufur atanapi ingkar kana nikmat anu ngabalukarkeun musnahna hiji umat ku azab Allah SWT, parantos seueur dicontokeun ku al-Quran ngalangkungan kisah-kisah umat tipayun. Umat-umat anu binasa akibat tina kufur nikmat ieu diantawisna nyaeta umat Nabi Nuh anu ancur akibat banyir tsunami, umat Nabi Luth anu porak poranda alatan gempa bumi anu dahsyat, umat Nabi Saleh anu binasa akibat katarajang virus panyakit hewan anu nular ka manusa, oge kasangsaraan umat-umat darolim  sanesna akibat tina paceklik, bencana halodo panjang, sareng serangan hama kana tatanen-tatanen maranehanana.

Siksa Allah oge tiasa muncul dina bentuk rasa sieun sareng hariwang kumargi tumbuh suburna tingkat kajahatan, kriminalitas, nyebarna wabah panyakit menular, karusuhan-karusuhan sosial, atanapi peperangan antarkelompok anu ngabalukarkeun korban jalmi-jalmi anu teu dosa.

Kaum muslimin sidang Jumat anu miharep rahmat Allah.
Lumangsungna peperangan di Negara Suriah wangkid ayeuna, oge persoalan-persoalan politik nu teu rengse-rengse paska tumbangna rezim Saddam Husen di Irak, Moammar Khadafi di Libya, atanapi Hosni Mubarak di Mesir, mangrupikeun ekses tina berakhirna kajayaan rezim-rezim di Negara eta. Padahal rezim-rezim eta aslana ti nagara-nagara anu notabene muslim. Tiasa janten peperangan saudara atanapi kasangsaraan rahayat anu ditimbulkeunana mangrupikeun salah sawios bentuk bencana anu aya kaitanana sareng kirangna syukuran kana nikmat Allah. Kufur nikmat tiasa muncul ti pamingpin rezim atanapi rahayat. Saupami pamingpin henteu peduli deui kana hak sareng kawajibanana ka rahayat, pamarentahan baris dilaksanakeun sacara otoriter, sementara rahayat teras-terasan ngintip kasalahan pamingpin, lajeng ngadramatisir kasalahan-kasalahan eta sahingga nimbulkeun aksi penggulingan, chaos sareng anarkisme di mana-mana. Saupami kaayaanana janten sapertos kieu, sadaya pihak kedah introspeksi diri, naon saleresna anu baris dipilari dina kahirupan ieu? Masyarakat moal mungkin maksa pamingpinna sangkan jadi saperti malaikat anu teu ngabogaan khilaf, sabalikna pamingpin oge moal tiasa saolah-olah jadi Pangeran anu parentahanana salamina ditumutan ku malaikat sarta teu pernah dipumpang.

Kaum muslimin rahimakumullah.
Ku kisah umat-umat tipayun sapertos dijelaskeun dina al-Quran sareng conto-conto kajantenan mangsa ayeuna anu nimpa komunitas masyarakat anu aya disabudeureun urang, urang tiasa ngajantenkeun hal-hal eta sebagai pelajaran anu berharga atanapi ‘ibroh, yen sahebat-hebatna hiji bangsa, kaum atanapi umat baris aya wates mangsana. Hirup sareng binasana hiji umat aya korelasina sareng sikap syukur atanapi kufur kana nikmat anu parantos dipaparinkeun ku Allah. Kumargi sakitu, dina situasi kumaha wae, urang salaku umat ti Nabi Muhammad SAW kedah tiasa syukuran kana nikmat Allah, bade saalit atanapi seueur, malah mandar pahala tina syukur eta Allah maparin panangtayungan sareng rasa aman di negeri urang. Aamiin Ya Allah Ya Rabbal Aalamiin

 ...............................................

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سيدنا محمد ابن عبد الله، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أَرْشَدَكُمُ اللهُ ... أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا. رَبَّنَا اصْرِفْ عَنَّا عَذَابَ جَهَنَّمَ إِنَّ عَذَابَهَا كَانَ غَرَامًا ز.َبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

Artikel Lainnya:

0 comments: