Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 27 Maret 2009

Pamingpin Adil

الحمد الله الّذى أمرنا بالتّعاون والا تّحاد.ونهاناعن التّخالف والانفراد أشهد انّ لا اله إلا الله وحده لا شريك له شهادة ادّخرها ليوم المعاد.وأشهد انّ سيّدنا محمّدا عبده ورسوله الدّاعى الى الهدى والرشّاد. صلى الله على سيّدنا محمّد وعلى اله وأصحابه كالنّجوم النّبيرات. صلاة وسلا ما دائمين ومتلاز مين الى يوم الأ هوال والحسراتْ.
أمّا بعْد فياأ يّهاالحاضــرون رحمكم الله. إتّــقو الله تــعالي فى جمـيْع الحـالات . قال الله تعالى وَلَقَدْ كَتَبْنَا فِي الزَّبُورِ مِنْ بَعْدِ الذِّكْرِ أَنَّ الأْ َرْضَ يَرِثُهَا عِبَادِيَ الصَّالِحُونَ

Hadirin sidang Jum’ah.
Dinten-dinten ieu urang nuju musatkeun perhatosan kana topik anu janten kapentingan urang sadaya kangge kamaslahatan hirup berbangsa sareng bernegara di masa anu bakal sumping, nyaeta ngeunaan kapamingpinan anu didambakeun sareng peran urang dina ngawujudkeunana.

Di hiji nagara pamingpin nyepeng peranan penting dina nangtoskeun arah kahirupan bangsa. Pamingpin anu sae bakal masihan conto sae sareng ngajak ka rahayatna kangge midamel kasaean. Sawangsulna pamingpin anu teu sae, paling henteu, anjeuna teu peduli kana kasaean anu ku cara langsung atanapi henteu bakal janten panutan anu teu sae kangge rahayatna.
Ngeunaan kapamingpinan ideal sareng kumaha pangaruhna kana kahirupan berbangsa sareng bernegara, Rasulullah ngadawuh:

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ عَنْ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ سَبْعَةٌ يُظِلُّهُمْ اللَّهُ فِي ظِلِّهِ يَوْمَ لا ظِلَّ إِلا ظِلُّهُ : إِمَامٌ عَادِلٌ وَشَابٌّ نَشَأَ فِي عِبَادَةِ رَبِّهِ  وَرَجُلٌ قَلْبُهُ مُعَلَّقٌ فِي الْمَسَاجِدِ  وَرَجُلانِ تَحَابَّا فِي اللَّهِ اجْتَمَعَا عَلَيْهِ وَتَفَرَّقَا عَلَيْهِ  وَرَجُلٌ طَلَبَتْهُ امْرَأَةٌ ذَاتُ مَنْصِبٍ وَجَمَالٍ فَقَالَ إِنِّي أَخَافُ اللَّهَ  وَرَجُلٌ تَصَدَّقَ أَخْفَى حَتَّى لا تَعْلَمَ شِمَالُهُ مَا تُنْفِقُ يَمِينُهُ
 
وَرَجُلٌ ذَكَرَ اللَّهَ خَالِيًا فَفَاضَتْ عَيْنَاه (رواه البخاري)


Numutkeun katerangan hadits ieu, pamingpin anu kedah dipilarian ku urang  nyaeta pamingpin anu adil, anu dina al-Qur’an dicirikeun ku pamingpin anu shaleh, ngagaduhan katangguhan fisik, ilmu anu luas, profesional sareng amanah.
Allah SWT ngadawuh :

وَلَقَدْ كَتَبْنَا فِي الزَّبُورِ مِنْ بَعْدِ الذِّكْرِ أَنَّ الأَرْضَ يَرِثُهَا عِبَادِيَ الصَّالِحُونَ

Jeung Kami bener-bener geus nulis dina Zabur saenggeus (Kami nulis dina) Lauhmahfudz, yen saestuna bumi ieu diwaris hamba-hamba Kaula  anu saroleh (al-ambiya: 105)
Dina ayat anu sanes Allah ngadawuh :

وَقَالَ لَهُمْ نَبِيُّهُمْ إِنَّ اللَّهَ قَدْ بَعَثَ لَكُمْ طَالُوتَ مَلِكًا قَالُوا أَنَّى يَكُونُ لَهُ الْمُلْكُ عَلَيْنَا وَنَحْنُ أَحَقُّ بِالْمُلْكِ مِنْهُ وَلَمْ يُؤْتَ سَعَةً مِنَ الْمَالِ قَالَ إِنَّ اللَّهَ اصْطَفَاهُ عَلَيْكُمْ وَزَادَهُ بَسْطَةً فِي الْعِلْمِ وَالْجِسْمِ وَاللَّهُ يُؤْتِي مُلْكَهُ مَنْ يَشَاءُ وَاللَّهُ وَاسِعٌ عَلِيمٌ

Nabi maranehna nyarita ka maranehna: saestuna Allah geus ngangkat Thalut jadi raja aranjeun. Maranehna ngajawab: Kumaha Thalut bisa marentah kami?, padahal kami leuwih hak (ngatur) pamarentahan batan manehna, sedengkeun  manehna henteu dibere kakayaan anu loba. (Nabi maranehna) nyarita: Saestuna Allah geus milih manehna jadi raja anjeun jeung ngaruniakeun ka manehna ilmu anu luas jeung awak anu gagah. Allah mikeun pamarentahan ka saha anu dikersakeunna-Na. Jeung saestuna Allah Maha luas pamaparin-Na, oge Maha Uninga” (Al Baqarah : 247)

Ku kriteria eta, para pamingpin anu dipilih diharepkeun mampuh ngajalankeun sareng negakkeun kaadilan ka rahayat, sareng henteu dzalim ka maranehna; nyebarkeun rasa aman sareng katengtreman; mampuh nyadiakeun kabutuhan jalma loba; sareng mampuh ngamanfaatkeun potensi sumber daya alam kangge kasajahtraan rahayat.
Hadirin ahli Jum’ah anu miharep rahmat Allah.

Dipilihna para pamingpin anu adil bakal nimbulkeun dampak positif kangge rahayat. Suasana masyarakat anu lahir ku kapamingpinan anu adil dumasar hadits di luhur diantawisna:

1.    Tuwuhna generasi muda dina lingkungan ibadah (وَشَابٌّ نَشَأَ فِي عِبَادَةِ رَبِّه). Para pamuda kadorong pikeun ngalakukeun hal-hal produktif kalayan orientasi ibadah, sahingga nagara henteu dipusingkeun ku marakna pelajar ngalakukeun tindakan kekerasan, mabok-mabokan, narkoba, sareng sajabina.
2.    Lahirna masyarakat anu cinta masjid (وَرَجُلٌ قَلْبُهُ مُعَلَّقٌ فِي الْمَسَاجِدِ ). Pamingpin anu adil ngadorong rahayatna sangkan ngajantenkeun masjid kangge pusat kagiatan. Di dinya ayat-ayat Allah dikaji kangge diimplementasikeun dina raraga ngamakmurkeun bumi. Rahayat henteu nyeepkeun waktosna di kafe-kafe, tempat-tempat hiburan sareng sajabina.
3.    Kabinana hubungan sosial anu dilandaskeun kana prinsip silih pikanyaah, cinta atanapi mahabbah dina jalan Allah
( وَرَجُلَانِ تَحَابَّا فِي اللَّهِ اجْتَمَعَا عَلَيْهِ وَتَفَرَّقَا عَلَيْهِ ). Hubungan sosial masyarakat muslim henteu didasarkeun kana prinsip oportunis-materialistis anu sering ngainsfirasian si jalma pikeun ngahalalkeun sagala cara sangkan tiasa ngahontal kadudukan sareng kahormatan ditengah-tengah masyarakat. Hiji muslim kedah micinta ka karabatna kusabab karabatna eta micinta sareng taat kana parentahan Allah. Manehna teu kenging ngadukung saupami karabatna eta ngalanggar kana aturan Allah.
4.    Tuwuhna masyarakat anti pornografi
( وَرَجُلٌ طَلَبَتْهُ امْرَأَةٌ ذَاتُ مَنْصِبٍ وَجَمَالٍ فَقَالَ إِنِّي أَخَافُ اللَّهَ )
Pamingpin anu adil ngagaduhan kapadulian kana moral sareng akhlak anak bangsana. Di antawis agenda pamingpin anu adil anu diisyaratkeun ku Rasulullah nyaeta ngatur hubungan antarlawan jenis saluyu sareng syariat; sareng  nolak satiap tindakan anu tiasa ngadorong kana zina sareng sex bebas.
5.      Lahirna masyarakat anu resep ngorbankeun diri sareng empati ka nu lemah (وَرَجُلٌ تَصَدَّقَ أَخْفَى حَتَّى لَا تَعْلَمَ شِمَالُهُ مَا تُنْفِقُ يَمِينُه). Pamingpin adil nyaeta pamingpin anu kersa ngorbakeun diri demi kamaslahatan rahayat sareng bangsana. Pamingpin sapertos kieu pasti bakal diikuti ku rahayatna kangge kamaslahatan sadayana. Tapi, saupami pamingping mung ngorbankeun kangge kapentingan dirina atanapi golonganna nyalira, maka masyarakat bakal ngagaduhan sikep sinis sareng antipati.
6.      Lahirna masyarakat anu resep ibadah dina keheningan
(وَرَجُلٌ ذَكَرَ اللَّهَ خَالِيًا فَفَاضَتْ عَيْنَاه)
Masyarakat anu bersih, anu silih pikacinta karana Allah, ngajantenkeun masjid pusat kagiatan, nolak pornografi, sareng resep infaq, bakal ngagaduhan hate anu suci, gampil nampi pesan-pesan Allah, sahingga soca maranehna gampil ngucurkeun cai soca nalika ibadah.
Sawangsulna lingkungan anu kotor bakal mangaruhan kana hate janten teuas sahingga sesah ngaluarkeun cai soca.

Hadirin rahimakumullah.

Mudah-mudahan pemilu anu nuju diantos-antos, tiasa dijantenkeun ajang kangge ibadah dina raraga milarian pingpinan anu nyaketan kriteria anu diisyaratkeun ku Allah sareng rasulullah SAW, sahingga ku kapamingpinan anu sae eta tiasa kahontal kamaslahatan hirup berbangsa sareng bernegara di masa-masa anu bakal sumping.


بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الآيات والذكرالحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم

 ---------------------------------

الحمد لله رب العالمين وبه نستعين على أمورالدنيا والدين والصلاة والسلام على أشرف الأنبياء والمرسلين محمد وعلى آله وأصحابه أجمعين. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله صادق الوعد الأمين. أللهم صل وسلم على سيد المرسلين محمد وعلى آله وصحبه أجمعين. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.

عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: