Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 23 Oktober 2009

Bencana: Tanda-tanda Anu Perlu Dilenyepan

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ اللهِ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: واتقوا فتنة لا تصيبن الذين ظلموا منكم خآصة واعلموا أن الله شديد العقاب


Hadirin sidang jum’at anu miharep rahmat Allah.

Kiwari bangsa Indonesia nuju ditimpa mangrupi-rupi bencana. Kajantenan anu enggal  keneh  gempa parantos ngoyagkeun dulur-dulur urang di Sumatera Barat ku kakiatan 7,6 SR. Korban oge berjatuhan deui: rebuan bangunan sarta jiwa karenggut. Padahal teu acan aya sasasih tina gempa eta gempa dahsyat anu kakiatanana 7,3 SR parantos ngaluluhlantakkeun warga Jawa Barat ditengah-tengah kaum muslim nuju ngajalankeun ibadah shaum sasih Ramadlan. Paraosan trauma sareng keueung oge teu acan sirna kitu wae dina diri urang tina peristiwa alam eta.

Hadirin, naha ieu teh tanda-tanda akhir dunya anu disebat kiamat parantos caket pisan? Hasil pamantauan pusat-pusat pemantau antariksa di dunya kalebet LAPAN (Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional) di Indonesia nyebatkeun, yen antawis taun 2011-2012 kapayun bakal terjadi badai sareng ledakan di atmosfir matahari anu kadahsyatanana 66 juta kali ledakan bom atom di Hiroshima. Tangtos badai antariksa ieu ageung pangaruhna kana kahirupan di muka bumi ieu. Langkung sensasional deui pakar-pakar supranatural ngaramalkeun dina taun 2012 bakal kajantenan bencana-bencana luar biasa di dunya, bahkan kiamat.
Kangge urang, tangtos iraha kiamat terjadi mung Allah anu uninga. Kadahsyatan kiamat langkung-langkung ti kajantenan gempa akhir-akhir ieu. Saupami dina gempa ieu jalmi masih keneh gaduh kasempetan kangge nyalametkeun  kulawargi sareng diri, maka dina dinten kiamat bujeng-bujeng nyalametkeun kulawargi, diri nyalira oge teu tangtos salamet. Jalmi sewang-sewangan pada lalumpatan ti dulur-dulurna dina dinten  anu pinuh ku pakewuh sareng siksa Allah eta.
فإذا جاءت الصاخة يوم يفر المرء من أخيه وأمه وأبيه وصاحبته وبنيه لكل امرئ منهم يومئذ شأن يغنيه
“Maka upama kadéngé sora nu tarik pisan sarta matak katorekan (nyaeta tiupan sangkakala), dina poéan tiap jelema nyingkah ti dulurna, jeung ti indung bapana, jeung ti anak pamajikanana, dina poé éta tiap jelema ti maranehanana boga urusan anu nungkulkeunana”.
يا أيها الناس اتقوا ربكم إن زلزلة الساعة شيء عظيم يوم ترونها تذهل كل مرضعة عما أرضعت وتضع كل ذات حمل حملها وترى الناس سكارى وما هم بسكارى ولكن عذاب الله شديد
“He manusa! Geura tarakwa ka Pangeran aranjeun, saestuna lini kiamat teh kajadian anu kacida rongkahna, dina poean aranjeun nempo eta kajadian, tiap anu nyarusuan paroho kanu disusuanana, jeung awewe anu keur kakandungan jadi galugur kandunganana. Jeung anjeun bakal nempo jalma-jalma dina kaayaan marabok padahal sabenerna maranehanana henteu marabok, tatapina adzab Allah anu kacida bangetna.”

Kaum muslimin rahimakumullah.
Kangge urang salaku jalmi beriman, tanda-tanda alam ieu tos sakedahna mangrupikeun bahan renungan. Kajantenan gempa tiasa janten mangrupikeun sinyal ti Allah SWT ka manusa sangkan sadar tur insaf kana sagala rupi tindakan dosana salami ieu. Syaikh Abdul Qadir Jailani dina kitabna Futuhul Ghaib nguningakeun hakekat bencana anu nimpa hiji jalmi atanapi kelompok jalmi. Kasauran anjeuna, bencana tiasa janten mangrupikeun sanksi atanapi hukuman, oge tiasa janten mangrupikeun ujian atanapi cobaan kangge ngabersihkeun dosa, nanging oge tiasa janten media kangge Allah pikeun ningkatkeun darajat atanapi maqam hiji jalmi.

Teu saalit jalmi anu ngangken Islam oge faham kana kaislamanana dina wangkid kiwari ieu  nanging teu ngajalankeun sareng teu peduli kana aturan-aturan syara anu parantos ditetepkeun ku Allah sareng rasul-Na. Ayat-ayat Allah diputerbalikkeun, ditafsirkeun numutkeun selera. Mabok-mabokan, pembunuhan, zina, pornografi, ngadu, korupsi, nipu,  tos janten potret kahirupan mangsa kiwari. Bumi ieu rupina tos aboteun teuing nanggung beban kadzoliman, kamungkaran, sareng karuksakan anu ditimbulkeun ku ulah manusa. Peringatan anu mangrupi guncangan bumi ieu sumangga urang lenyepan, jantenkeun bahan introspeksi diri tina kasalahan sareng kaalfaan urang ka Allah.  Allah SWT ngemutan ka urang yen  bencana nimpa ka saha bae, henteu ka jalmi-jalmi anu dzolim wungkul:

واتقوا فتنة لا تصيبن الذين ظلموا منكم خآصة واعلموا أن الله شديد العقاب

“Jeung geura ngajaga maraneh tina siksaan anu henteu tumiba ngan ka jalma-jalma anu darolim wungkul ti antara aranjeun. Jeung sing nyaho saestuna Allah teh banget pisan siksaan-Na.”

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لا نبي بعده، اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى  سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ ومن تبعه الى يوم القيامة. عِبَادَ الله، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ. اَللَّهُمَّ افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَّا بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

Artikel Lainnya:

0 comments: