Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 25 Desember 2009

Korupsi

الْحَمْدَ ِللهِ الملك المتعال المنزه من الشركاء والأمثال الذي بيّن لعبا ده الحرام والحلال. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ شهادة تُصلح القلب واللسان من فساد الأفعال وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ المنقذ من الضلال. اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وصْحبِهِ بالغدو والآصال أَمّا بَعْدُ. فيَاأَيّهَا الحاضرون رحمكم الله اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. ولا تأكلوا أموالكم بينكم بالباطل وتدلوا بها إلى الحكام لتأكلوا فريقا من أموال الناس بالإثم وأنتم تعلمون

Hadirin sidang Jum’ah rohimakumulloh.
Alhamdulillah dina wangkid ieu urang sadaya parantos aya dina taun enggal hijriyah 1431. Tangtos dina taun enggal ieu aya harepan mudah-mudahan taun ieu langkung sae tinimbang anu tos kalangkung. Oge evaluasi  kana naon anu tos dilakukeun ku urang dina taun-taun anu tos kalangkung, janten dasar kangge ngadangdosan kana kaayaan anu langkung sae kapayunna.

Dina raraga ngaevaluasi eta, sumangga urang ngalenyepan salah sawios masalah anu teras-terasan diberitakeun dina massmedia dugi ka wangkid kiwari.
Sabagian urang aya anu masih keneh emut, tepatna dina ping 9 Desember taun 2009 ieu, sababaraha elemen masyarakat memperemut Hari Antikorupsi sadunya. Di sabagian daerah peringatan Hari Antikorupsi ieu diwarnai ku aksi unjuk rasa.
Wajar saupami Hari Antikorupsi ieu diperemut ku masyarakat, margi dugi ka wangkid kiwari perhatosan masyarakat masih keneh disibukkeun ku rangkaian berita anu aya pakuat-pakaitna sareng padamelan dosa dina bentuk korupsi anu dilakukeun ku dulur-dulur urang nyalira sabangsa sareng salemah cai. Media cetak sareng elektronik ampir tiap dinten ngaekspos sareng nyuguhkeun berita ngeunaan kasus-kasus tindak pidana korupsi anu ngalibatkeun oknum pajabat urang. Henteu wae korupsi pajabat di tingkat pusat nanging oge korupsi anu dilakukeun pajabat di tingkat daerah. Menteri atanapi konglomerat si “anu” , upamina, kabongkar kasusna kumargi skandal suap atanapi korupsi artos milyaran rupiah. Bupati sareng anggota DPRD di hiji daerah, upamina deui, ditewak sarta diadili alatan kasangkut kasus korupsi dana APBD.

Hadirin Ma’asyirol Muslimin anu miharep rohmat Allah.
Paraosan kacida sedih, bangsa anu diaku ku masyarakat dunya janten bangsa beriman, bangsa anu kasohor kumargi populasi penduduk muslim-na teu kinten ageungna, malihan paling ageung di dunya ieu, masih keneh kajangkitan panyakit sosial kronis anu disebat korupsi ieu. Kiwari cakupan korupsi parantos luas sareng merata. Sanes wungkul para pajabat, nanging rahayat alit oge parantos kaeunteupan virus korupsi. Maranehanana pipilueun ngalakukeun korupsi ku rupa-rupa modus operandi-na anu canggih plus seni korupsina anu halus. Ti ngawitan  cara ngamanipulasi dana pangwangunan gedung sacara rapi sareng sistemik, nga-mark up dana proyek panalitian sa-rasional mungkin, ngagelembungkeun anggaran proyek pangwangunan sahingga nyeepkeun artos rahayat, dugi ka pungutan liar (pungli) di jalan-jalan atanapi fasilitas publik anu sanesna ku cara terang-terangan bari henteu aya rasa isin.
Padahal Islam jelas sareng tegas ngajentrekeun ka umatna yen prilaku korupsi kalebet prilaku anu diharamkeun sareng kedah ditebihan. Malihan sabagian ulama matwakeun yen perilaku korupsi sami hukumna sareng padamelan jalmi anu ngalakukeun dosa ageung. Ieu hartosna dosa anu ditanggung tina prilaku korupsi sabanding beuratna sareng dosa anu ditimbulkeun akibat padamelan syirik.

Sidang Jum’ah Rohimakumulloh.
Istilah korupsi sanes tina bahasa Arab, bahasa Kitab Suci al-Qur’an. Dina terminologi Islam, aya istilah anu maknana identik sareng korupsi, nyaeta risywah. Nanging risywah hartosna langkung sempit, margi mung nyangkut kasus suap-menyuap anu dilakukeun antara hiji individu sareng individu anu sanesna kalayan imbalan artos anu ditangtukeun pikeun ngaraih padamelan atanapi jabatan. Ngeunaan risywah ieu Rasulullah SAW parantos ngadawuh:
لعن رسول الله صلى الله عليه وسلم الراشي والمرتشي
“Rasulullah SAW ngalaknat ka nu nyuap sareng nu narima suap”
Korupsi jelas hartosna langkung luas tinimbang risywah. Korupsi mangrupikeun pamanfaatan dana publik anu sakedahna pikeun kapentingan umum, diangge kalayan henteu sah pikeun nyumponan kaperluan pribadi. Korupsi henteu nyangkut masalah suap-menyuap (risywah) wungkul, nanging oge manipulasi, pungli, mark up, sareng nyandak dana publik sacara terselubung, nyumput dipengkeren dalil-dalil konstitusi, kalayan niat ngaraih kauntungan anu langkung ageung ku cara anu teu sah. Ngumpulkeun harta ku cara anu teu sah ieu jelas diharamkeun dina al-Qur’an sakumaha dawuhan Allah dina S. Al-Baqarah: 188:
ولا تأكلوا أموالكم بينكم بالباطل وتدلوا بها إلى الحكام لتأكلوا فريقا من أموال الناس بالإثم وأنتم تعلمون
“Jeung aranjeun ulah ngadalahar harta-harta aranjeun diantara aranjeun ku cara anu batil jeung mawa urusan eta harta ka hakim-hakim, supaya aranjeun bisa ngadahar sabagian tina harta batur ku jalan dosa bari aranjeun nyaraho”

Hadirin rohimakumulloh.
Kumargi sakitu sumangga urang neneda ka Allah SWT, malahmandar Mantena nebihkeun diri sareng kulawargi urang tina perilaku korupsi. Margi korupsi sajabi sacara teologis dosana kacida ageungna anu ngakibatkeun hiji jalmi kahalang kasempetanana pikeun lebet ka surga, oge korupsi tiasa ngareksak sendi-sendi kahirupan, sanes wae wungkul di bidang ekonomi sareng politik, nanging oge ngahancurkeun kahirupan akhlak sareng akidah kaagamaan. Sumangga urang jagi diri sareng kulawargi urang tina padamelan terkutuk ieu supados urang dihindarkeun tina kasangsaraan hirup di naraka:
يا أيها الذين آمنوا قوا أنفسكم وأهليكم نارا وقودها الناس والحجارة عليها ملائكة غلاظ شداد لا يعصون الله ما أمرهم ويفعلون ما يؤمرون (التحريم: 6)

“He jalma-jalma anu iman, jaga diri aranjeun jeung kulawarga aranjeun tina siksaan naraka, anu suluhna ku manusa jeung batu, anu dijaga ku malaikat anu barengis tur garagah, anu henteu doraka ka Allah dina naon anu diparentahkeun ka maranehna, sarta maranehna ngalaksanakeun naon-naon anu diparentahkeun ka maranehna”

بارك الله لي ولكم
-------))00((-------
     
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سيدنا محمد ابن عبد الله، وَلاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا. رَبَّنَا اصْرِفْ عَنَّا عَذَابَ جَهَنَّمَ إِنَّ عَذَابَهَا كَانَ غَرَامًا ز.َبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

Artikel Lainnya:

0 comments: