Peta Situs
Sering Dibaca
-
الحمد الله الّذى أمرنا بالتّعاون والا تّحاد.ونهاناعن التّخالف والانفراد أشهد انّ لا اله إلا الله وحده لا شريك له شهادة ادّخرها ليوم المعاد....
-
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْم...
Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 11 Juni 2010
Zionisme & Tayangan Mesum
الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان
والإسلام. والصلاة والسلام على خيرالأنام سيدنا محمد وعلى آله وصحبه وتابعيه على
الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله
لا نبي بعده. أما بعد، فَيَا عِبَادَ اللهِ,
أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّاىَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
وَتَزَوَّدُوْا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى، وقال الله تعالى: ياأيها الذين آمنوا لا تتخذوا اليهود والنصارى أولياء
بعضهم أولياء بعض ... وقال ياأيها الذين آمنوا قوا أنفسكم
وأهليكم نارا وقودها الناس والحجارة ...
Hadirin
sidang jum’at rahimakumullah.
Dina
minggon-minggon pengker ieu, media-media televisi, radio, koran oge internet
sakirang-kirangna parantos gencar nyuguhkeun dua berita anu justeru kirang
nyugemakeun sareng ngusik kana sisi emosionalitas urang salaku manusa sareng
makhluk anu nyepeng moralitas oge agama.
Anu kahiji, kasus kadoliman anu dilakukeun ku tentara Israel ka rombongan kapal Mavi Marmara anu ngangkut bantosan kamanusaan kangge warga Palestina di jalur Gaza. Kawartoskeun puluhan relawan kenging luka tembak ti tentara Israel, malihan sababaraha diantawisna tiwas. Kajantenan ieu parantos ngagetkeun, malihan ngabalukarkeun kecaman warga dunia, wireh anu diserang sanes para gorombolan penjahat nanging para relawan anu nyandak misi perdamaian dina raraga nyalurkeun bantosan kanggo warga Gaza anu diblokade ku pamarentahan Israel. Kabrutalan ieu beuki ngabuktoskeun yen zionis Israel leres-leres parantos buta hati-buta mata sareng henteu merhatoskeun hak-hak asasi manusa dina ngarengsekeun hiji masalah. Urang diemutkeun deui ku dawuhan Allah SWT dina al-Quran:
Anu kahiji, kasus kadoliman anu dilakukeun ku tentara Israel ka rombongan kapal Mavi Marmara anu ngangkut bantosan kamanusaan kangge warga Palestina di jalur Gaza. Kawartoskeun puluhan relawan kenging luka tembak ti tentara Israel, malihan sababaraha diantawisna tiwas. Kajantenan ieu parantos ngagetkeun, malihan ngabalukarkeun kecaman warga dunia, wireh anu diserang sanes para gorombolan penjahat nanging para relawan anu nyandak misi perdamaian dina raraga nyalurkeun bantosan kanggo warga Gaza anu diblokade ku pamarentahan Israel. Kabrutalan ieu beuki ngabuktoskeun yen zionis Israel leres-leres parantos buta hati-buta mata sareng henteu merhatoskeun hak-hak asasi manusa dina ngarengsekeun hiji masalah. Urang diemutkeun deui ku dawuhan Allah SWT dina al-Quran:
لتجدن أشد الناس عداوة للذين آمنوا اليهود والذين أشركوا ...
“Saestuna anjeun bener-bener
bakal manggihan jalma-jalma anu kacida kuat ngamusuhanana ka jalma-jalma anu
iman nyaeta jalma-jalma Yahudi jeung jalma-jalma musyrik”
(al-Maidah:2).
Zionis Israel
laluasa dina ngalakukeun kajahatan-kajahatanana, kumargi aya nagara adidaya anu
janten sekutu sareng ngabela kapentingan-kapentingan politikna di Timur Tengah,
sementawis nagara-nagara Islam anu aya di sabudeureunana, oge anu kagabung dina
Organisasi Konferensi Islam (OKI) kirang berdaya, mandul, margi henteu
sauyunan, masing-masing ngagaduhan sikep anu benten dina mayunan permasalahan
Palestina. Anu tiasa dilakukeun ku para pamingpin dunia Islam mung
nyowantenkeun kecaman sareng kecaman, bari henteu tiasa nyarengan ku tindakan
nyata ngeureunkeun kekerasan bangsa zionis Israel. Padahal, saupami nagara-nagara
Islam ngahiji tangtos ieu bakal janten
hiji kakiatan ageung anu dipikahariwang ku nagara-nagara Barat oge Israel.
Kumargi sakitu, wahai umat Islam geura ngahiji deui, sumangga urang sasarengan
nyepeng tali agama Allah ku nyingkirkeun kapentingan-kapentingan sasaat, demi ngabela perjoangan dulur-dulur
urang di Palestina dina mertahankeun hak-hakna anu ditindas, didolim, sareng
dirampas lemah caina ku zionis anu bengis. Allah SWT parantos marentahkeun
sangkan jalma-jalma iman ngahiji sadayana, ulah papisah sewang-sewangan,
kantenan silih musuhan mah:
واعتصموا بحبل الله جميعا ولا تفرقوا واذكروا نعمت الله عليكم إذ كنتم أعداء فألف بين قلوبكم فأصبحتم بنعمته إخوانا
“Jeung cekel sing pageuh ku aranjeun tali agama
Allah, jeung ulah paburencay. Sing inget kana ni’mat Allah anu geus dibikeun ka
aranjeun, nalika aranjeun marumusuhan tuluy Allah ngarukunkeun hate-hate
aranjeun. Maka ku ni’mat Allah eta aranjeun jaradi dulur…” (Ali ‘Imran: 103).
Dumasar kana dawuhan Rasulullah SAW ngeunaan
karakter jalmi-jalmi iman, Imam ath-Thabary dina tafsirna ngajelaskeun yen
jalmi-jalmi mu’min saleresna dina silih pikanyaah sareng silih pikadeudeuh diantawis
maranehanana samartabat sareng hiji jasad. Saupami sabagian jasad ngaraoskeun
aya kanyeri, maka bagian jasad anu sanesna bakal silih gero dina pada
ngaraoskeun panas sareng teu tiasa sarena.
إنما المؤمنون في تراحُمهم وتعاطفهم بينهم بمنزلة الجسد الواحد، إذا اشتكى بعضه تداعى له سائر الجسد بالحُمَّى والسهَر
Pertarosanana ayeuna naha urang kantos teu tiasa
kulem sareng demam kumargi ngaraoskeun kanyeri dulur-dulur muslim urang di
Palestina?
Hadirin kaum muslimin
anu miharep rahmat Allah.
Salajengna, kasus kadua
anu teu kinten ngisinkeunana sareng janten kaprihatinan urang sadaya nyaeta
ngeunaan sumebarna tayangan-tayangan mesum di internet ku pihak-pihak anu teu
tanggelwaler. Kaprihatinan ieu langkung nambihan, wireh aktor-aktor anu aya
dina tayangan eta identik sareng jalmi-jalmi anu salami ieu dikenal janten artis
atanapi public figure sarta diidolakeun ku putra-putri urang. Suguhan
tayangan-tayangan mesum eta, gampil pisan diakses ngalangkungan handphone anu langsung
atanapi henteu, tangtos bakal nyesakeun dampak psikologis anu kiat diantawis
putra-putri urang. Balukarna, kalangan remaja urang tiasa kadorong pikeun
ngalakukeun perzinahan sarta kahirupan sex bebas anu dilarang ku agama sareng
norma kasusilaan alatan pangaruh public figure-na sareng teu
kakendalikeun hasrat biologisna. Urang tangtos henteu ridla sareng henteu miharep
saupami putra-putri urang janten generasi anu tebih tina nilai-nilai agama, ngantunkeun shalat sarta ngalajur nafsu
syahwatna sapertos kitu, sakumaha dawuhan Allah:
فَخَلَفَ مِنْ بَعْدِهِمْ خَلْفٌ أَضَاعُوا الصَّلَاةَ وَاتَّبَعُوا الشَّهَوَاتِ فَسَوْفَ يَلْقَوْنَ غَيًّا
“Maka datang saenggeus maranehanana, generasi (anu
goreng) anu nyia-nyiakeun shalat jeung nuturkeun nafsu syahwatna, maka maranehanana jaga bakal manggihan kabinasaan…” (QS. Maryam: 59).
Kuayana sakitu, urang salaku sepuh ti
murangkalih-murangkalih urang, kedah tiasa ngaping, ngatik, sareng ngajagi
aranjeuna tina pangaruh-pangaruh negatif eta, diantawisna ku cara masihan pangawasan
sareng kontrol dina ngagunakeun telepon seluler. Masalih ieu peryogi diperhatosan
kuurang kumargi salah sawios hasil panalungtikan netelakeun, ternyata tilu
diantawis sapuluh murangkalih anu yuswana sapuluh taun kantos mukaan
situs-situs porno ngalangkungan handphone sareng internet.
بارك
الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم
وتقبل الله منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَالصَّلاَةُ
وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن واله، وَلاَ
حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله
وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. فيا
مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ
َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا َيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلاً سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَن
يُطِعْ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا. أللهم
صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر
للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, اللّهمَّ حَبِّبْ إلَيْنَا
الإيمَانَ وَزَيِّنْهُ فِي قُلُوْبِنَا وَكَرِّهْ إلَيْنَا الْكُفْرَ
وَالْفُسُوْقَ وَالْعِصْيَانَ وَاجْعَلْنَا مِنَ الرَّاشِدِيْنَ اللهم عذِّبِ
الكَفَرَةَ الذين يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِكَ ويُكَذِّبُوْنَ رُسُلَكَ
ويُقاتِلُونَ أوْلِيَاءَكَ اللّهمَّ أَعِزَّ الإسْلاَمَ وَالمسلمين وَأَذِلَّ
الشِّرْكَ والمشركين وَدَمِّرْ أعْدَاءَ الدِّينِ وَاجْعَلْ دَائِرَةَ السَّوْءِ
عَلَيْهِمْ يا ربَّ العالمين .
عباد الله , إنالله
يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم
لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.
0 comments:
Posting Komentar