Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 09 September 2010

Idul Fitri: Atikan Ramadlan





اللهُ اَكْبَرْ {9×} اللهُ اَكْبَرْ كُلَّمَا هَلَّ هِلاَلٌ وَاَبْدَرَ اللهُ اَكْبَرْ كُلَّماَ صَامَ صَائِمٌ وَاَفْطَرْ اللهُ اَكْبَرْكُلَّماَ تَرَاكَمَ سَحَابٌ وَاَمْطَرْ وَكُلَّماَ نَبَتَ نَبَاتٌ وَاَزْهَرْ. اللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى جَعَلَ لِلْمُسْلِمِيْنَ عِيْدَ اْلفِطْرِ بَعْدَ صِياَمِ رَمَضَانَ وَعْيدَ اْلاَضْحَى بَعْدَ يَوْمِ عَرَفَةَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ لَهُ اْلمَلِكُ اْلعَظِيْمُ اْلاَكْبَرْ وَاَشْهَدٌ اَنَّ سَيِّدَناَ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الشَّافِعُ فِى اْلمَحْشَرْ نَبِيَّ قَدْ غَفَرَ اللهُ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ وَمَا تَأَخَّرَ. اللهُمَّ صَلِّ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ اَذْهَبَ عَنْهُمُ الرِّجْسَ وَطَهَّرْ. اللهُ اَكْبَرْ. اَمَّا بَعْدُ. فَيَا عِبَادَاللهِ اِتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ: وَاَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ ربِّهِ ونَهَيَ النَّفْسَ عَنِ اْلَهوَى فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ اْلمَأْوَى
Jama'ah sholat Idul Fitri rahimakumullah

Ti kawitan wanci Maghrib wengi tadi parantos kakuping patembalanana kumandang  takbir, tasbih, tahmid sareng tahlil anu nandakeun ungkapan rasa syukur ka Allah SWT tina kameunangan ageung anu diraih ku kaum muslimin sarengsena ngajalankeun ibadah shaum Ramadhan salami sasasih. Idul Fitri dibageakeun ku alunan takbir anu ngagema di jomantara, nyerep dina ati sanubari,  minangka pangangkenan kana kaagunggan Allah ti hamba-Na anu ngaraos alit di payuneun Mantena.
Teu karaos cai soca oge ngeclak, ngaleleh kana pipi, nalika lisan ngedalkeun takbir, tahmid sareng tahlil. Dina mangsa-mangsa sapertos kieu, urang emut ka jalmi-jalmi anu kantos caket sareng mikanyaah atanapi dipikanyaah kuurang, kiwari aranjeuna parantos teu aya di kieuna ngantunkeun urang, boh ibu-rama urang, caroge, bojo, putra-putri, putu atanapi karabat urang anu sanesna. Urang du’akeun mudah-mudahan aranjeuna kenging maghfiroh sareng rahmat Allah di alam bakana.  Urang oge emut ka wargi-wargi anu dina danget ieu henteu tiasa sasarengan sareng urang kumargi teu walakaya alatan kedah ngagoler di luhureun tempat kulem di bumina, atanapi mungkin di rumah sakit jalaran hiji panyawat. Urang du’akeun deui mudah-mudahan aranjeuna dipaparinan kasabaran dina cobianana sarta dibebaskeun tina beban anu kedah ditanggungna engke di yaumil hisab.

اللهُ اَكْبَرْ 3× وَ للهِ اْلحَمْدُ

Jama`ah Idul Fitri anu miharep magfirah Allah

Sasasih urang ngalaksanakeun ibadah shaum, naon anu robih dina diri urang sabada ngalaksanakeun amaliah Ramadlan eta? Insya Allah di awal sasih Syawal ieu bakal lahir insan-insan enggal, anu ku Allah SWT disebat Muttaqiin. Kangge ngahontal predikat jalmi takwa eta sasih Ramadlan parantos ngasah sareng ngagembleng jiwa raga urang ngalangkungan
atikan pribadi anu teu kinten mundelna:

Kahiji, Ramadhan parantos ngalatih urang sangkan mampuh ngadalian diri ku teras-terasan waspada sareng mawas diri kana musuh manusa anu paling beurat nanging teu katinggali, musuh anu teu kantos akur sareng urang, nyaeta hawa nafsu. Rasulullah SAW nyaurkeun: Jihad panggede-gedena  nyaeta jihad ngalawan diri sorangan.


Diri manusa, sapertos disaurkeun ku Imam al-Ghazâlî, ngagaduhan tilu sifat anu potensina matak ngabinasakeun manusa, sedengkeun  sifat anu potensina nganteurkeun manusa kana kasalametan mung hiji. Kahiji, sifat sato piaraan  (بَهِيْمِّيةْ); anu ngadorong hiji jalmi pikeun nghalalkan sagala cara tur teu aya  rasa isin dina enggoning ngahontal tujuanana. Kadua, sifat sato galak (سَبُعِيَّة)  anu ngadorong padamelan dhalim sareng teu adil ka batur, ku sifat sabu’iyah ieu anu kuat  kudu meunang sanajan salah sedengkeun anu lemah kudu eleh sanajan bener. Katilu, sifat syaithaniyah anu ngadorong si jalma sangkan teras-terasan nuturkeun  hawa nafsuna, anu balukarna ngancurkeun martabatna nyalira.

Saupama tilu sifat ieu langkung dominan aya dina kahirupan hiji masyarakat, tangtos bakal lahir hiji tatanan sosial anu ngahariwangkeun. Kaadilan bakal digusur ku kadhaliman, hukum bakal dijualbelikeun ku rupiah, korupsi teras-terasan merajalela. Kajahatan, penganiayaan, pembunuhan,
kamksiatan, janten pamandangan sadidinten. Sementawis generasi mudana, alatan pangaruh tongtonan sareng media informasi, asyik ku model-model kahirupan bendawi anu serba bebas (permissif) sarta tebih tina nilai-nilai ageman anu leres: narkoba, pergaulan bebas, sex bebas,  materialis, hedonis, konsumtif , sareng sajabina. Anu mibanda kakawasaan poho kana tanggungjawabna, sedengkeun rakyat henteu sadar kana kawajibanana. Na’udzu billahi min dzalik
 
Sedengkeun sifat anu tiasa nganteurkeun kana kabagjaan mung hiji, nyaeta sifat rububiyah
(رُبُوْبِيَّةْ); tawisna nyaeta kaimanan, katakwaan sareng kasabaran anu parantos dibina salami sasih Ramadhan. Jalmi anu tiasa ngaoptimalkeun sifat rububiyah ieu dina jiwana, tangtos jalan hirupna dicaangan ku cahaya al-Qurán, laku lampahna dipapaesan ku akhlaqul karimah. Salajengna, anjeuna bakal janten insan muttaqin paska-Ramadhan,  insan anu dina idul fitri ieu nembongkeun sifat-sifat utami anu janten anggeanana: nganafkahkeun harta dina kaayaan lapang sareng sempit, nahan amarah dina mangsa ngawangun interaksi sareng komunikasi sareng sasama manusa, ngahapunten kalepatan jalmi sanes, seueur midamel kasaean, nyuhunkeun pangapunten ka Allah nalika midamel kaawonan sareng kadoliman, sarta mampuh ngeurunkeun padamelan keji anu diharewoskeun ku nafsu. Dawuhan Allah SWT (Ali ‘Imran: 134-135) nyebatkeun:

الذين ينفقون في السراء والضراء والكاظمين الغيظ والعافين عن الناس والله يحب المحسنين, والذين إذا فعلوا فاحشة أو ظلموا أنفسهم ذكروا الله فاستغفروا لذنوبهم ومن يغفر الذنوب إلا الله ولم يصروا على ما فعلوا وهم يعلمون
Jama`ah Idul Fitri anu dipihurmat

Kadua, sasih Ramadlan parantos ngagembleng jiwa urang sangkan ngagaduhan jiwa solidaritas anu luhur ka sasama. Atikan solidaritas sosial Ramadhan ieu digambarkeun kalayan sae  dina detik-detik akhir Ramadhan  menuju gerbang sasih Syawwal. Dina mangsa umat muslim ngaluarkeun zakat fitrah kangge dalapan kategori  kelompok masyarakat (ashnaf) anu meryogikeunana, terutami kaum fakir miskin, katembong pisan kumaha tali silaturrahmi sarta sumangat berbagi teu kinten pageuhna antawis sasama muslim. Kasenjangan komunikasi sareng tali silih pikanyaah anu sateuacanna kantos teu kaperhatoskeun, nyata sirna, boh dina ati atanapi dina tindakan. Spirit zakat fitrah ieu ngalahirkeun kasadaran pikeun silih tulungan (taáwun) antawis jalmi-jalmi kaya sareng jalmi-jalmi miskin, antawis jalmi-jalmi anu hirupna serba berkecukupan sareng jalmi-jalmi anu hirup sadidintenna  serba kekurangan. Dina kasempetan ieu, jalmi anu nampi zakat bakal ngaraos kabantos beban hirupna, sedengkeun anu masrahkeun zakat bakal kenging jaminan ti Allah SWT.

Maásyiral muslimin rahimakumullah


Salajengna katilu, Ramadlan parantos mekelan urang sangkan ngagaduhan spirit jihad dina ma’nana anu utuh, nyaeta:
 
بَذْلُ مَاعِنْدَهُ وَمَا فِى وُسْعِهِ لِنَيْلِ مَا عِنْدَ رَبِّهِ مِنْ جَزِيْلِ ثَوَابِ وَالنَّجَاةِ مِنْ اَلِيْمِ عِقَابِهِ

"Masrahkeun sagala rupa anu dipimilikna sarta anu aya dina kamampuhanana pikeun ngaraih ganjaran ti sandingeun Pangeranana, sarta salamet tina siksa-Na anu nganyerikeun."

Hartos jihad ieu langkung komprehensif, margi anu dituju nyaeta pangorbanan sagala rupi anu dipimilik kuurang ti kawitan tanagi, emutan, harta banda, dugi ka jiwa-raga demi ngahontal karidlaan Allah, kalebet jihad ngalawan diri urang nyalira anu disebat Jihadul Akbar, jihad anu paling ageung. Allah SWT ngadawuh:

يآاَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلىَ تِجَارَةٍ تُنْجِيْكُمْ مِنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ. تُؤْمِنُوْنَ بِاللهِ وَرَسُوْلِهِ وَتُجَاهِدُوْنَ فِى سَبِيْلِ اللهِ بِاَمْوَالِكُمْ وَاَنْفُسِكُمْ ذَالِكُمْ خَيْرٌ لَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ. يَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَيُدْخِلْكُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِى مِنْ تَحْتِهَا اْلاَنْهَارُ وَمَسَاكِنَ طَيِّبَةً فِى جَنَّاتِ عَدْنٍ ذَلِكَ اْلفَوْزُ اْلعَظِيْمُ

Hartosna: "He jalma-jalma anu airman, naha daek aranjeun ku Kaula dituduhkeun kana hiji perdagangan anu bisa nyalametkeun aranjeun tina siksa anu peurih? Nyaeta aranjeun (kudu) iman ka Allah jeung Rasul-Na jeung jihad di jalan Allah ku harta jeung diri aranjeun. Eta anu leuwih hade pikeun aranjeun, lamun aranjeun nyaho mah. Tangtu Allah bakal ngahampura dosa-dosa aranjeun jeung ngabuskeun aranjeun kana sawarga anu ngalir di handapna wahangan-wahangan; jeung (ngabuskeun aranjeun) kana tempat cicing anu hade dina sawarga Ädn. Tah eta teh mangrupakeun kauntungan anu gede. " (QS Ash-Shaff:10-12)

Dina konteks masyarakat urang kiwari ieu, jihad anu diperyogikeun nyaeta  jihad dina hartos ngadalian diri sareng ngadorong diciptakeunana hiji tatanan sareng sistim sosial anu bermartabat, adil, sarta sejahtera lahir batin, anu didadasaran ku nilai-nilai agama sareng katoátan ka Allah SWT, jihad pikeun ngadalian hawa nafsu sangkan henteu ngarugikeun diri pribadi, kantenan deui ngarugikeun pihak sanes mah. Masih keneh seueur sektor sosial anu peryogi dibebenah kuurang. Kumargi sakitu, ma’na jihad kedah ngacu kana pangentasan masalah-masalah sosial ieu. Sumangga lebaran ieu urang jantenkeun momentum sanes wungkul pikeun mintonkeun pakean anu anyar, tapi oge pikeun ngalahirkeun ide-ide anu anyar dina raraga memeres sarta ngarengsekeun isu-isu sosial anu salami ieu ngabelenggu kamajengan umat Islam Indonesia khususna sareng bangsa Indonesia umumna.

اللهُ اَكْبَرْ (3×) وَ للهِ اْلحَمْدُ

Jama'ah Sholat Idul Fitri rahimakumullah

Sakitu garis ageung
atikan Ramadhan anu tiasa dipetik kuurang, malahmandar urang tiasa ngarealisasikeun nilai-nilai anu saena tadi dina bingkai kahirupan nyata. Mudah-mudahan Allah SWT, nampi kana ibadah shaum urang salami sasasih sareng amaliah-amaliah Ramadlan anu sanesna, salamina Mantena ngabimbing kahirupan urang sehingga aya dina hidayah sareng ridla-Na.  Sumangga urang pungkas khutbah ieu ku sasarengan munajat sareng taqarrub ka Allah SWT bari disarengan ku ati anu bersih manah anu ikhlas:

---------------------------



الله أكبر (7) . الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا، لاإله إلاالله والله أكبر ألله أكبرولله الحمد. الحمد لله الذى جعل العيد يوم السرور. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له المهيمن الجبار، وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله الذى أمر علينا أن نكِّثر فى يوم العيد بالتحميد والتهليل والتكبير.  أللهم صل وسلم على سيدنا محمدن المختار وعلى آله و أصحابه الأطهار. أمابعد: فياأيهاالناس إتقوا الله باجتناب نواهيه وامتثال أوامره. فقال تعالى: إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا آمين, اللهم انا نسئلك الثبات فى الامر والعزيمة فى الرشد ونسئلك قلبا سليما ولسانا صادقا واجعلنا محبوبا فى قلوب عبادك وعزيزا فى عيونهم. اللهم اجعل هذا اليوم صلاحا واوسطها فلاحا وآخرها نجاحا ونسئلك خيري الدنيا والآخرة  اللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الإسلام و اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ.. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار والحمد لله رب العالمين .
عِبَادَاللهِ ! جَعَلَنَا اللهُ وَاِيَّاكُمْ مِنَ اْلعَائِدِيْنَ وَاْلفَائِزِيْنَ وَاْلمَقْبُوْلِيْنَ وَاَدْخَلَنَا وَاِيَّاكُمْ فِى زُمْرَةِ عِبَادِهِ الصَّالِحِيْنَ وَاَقُوْلُ قَوْلِى هَذَا وَاسْتَغْفِرُه لِى وَلَكُمْ وَلِوَالِدَينا وَلِسَائِرِ اْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِروْهُ اِنَّهُ هُوَاْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Artikel Lainnya:

0 comments: