Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 22 Oktober 2010

Harta Banda

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على خيرالأنام سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون،  وقال الله تعالى: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلا أَوْلادُكُمْ عَن ذِكْرِ اللَّهِ وَمَن يَفْعَلْ ذَلِكَ فَأُوْلَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ


Hadirin ahli Jum’at anu miharep rahmat Allah.
Salah sawios karunia Allah SWT anu kedah disyukuri kuurang, nyaeta Mantena parantos maparin harta banda ka urang. Bade seueur atanapi saalit, urang kedah tiasa nganuhunkeunana ka Mantena, margi harta banda eta parantos janten wasilah kangge urang sahingga urang tiasa ngaraosan salah sawios diantawis ni’mat-ni’mat Allah SWT anu seueur. Henteu sadaya jalmi kenging kapercantenan ti Allah SWT kangge nyepeng  tanggel waler ngeunaan ni’mat harta banda ieu. Kumargi sakitu, saupami tiasa nanggelwalerkeun amanah harta banda ieu, maka si jalmi bakal kenging pahala ageung anu diantos-antos engke di akherat. Nanging saupami henteu tiasa nanggelwalerkeun, maka anjeuna dihariwangkeun bakal kenging hukuman anu peurih ti Allah SWT.


Urang patut emut, harta banda anu dipaparinkeun ka urang mangrupikeun titipan ti Allah SWT sareng sanes milik mutlak urang. Dipungkureun harta banda eta aya tanggel waler ti nu katitipanana, aya amanah, malihan aya diantawisna  hak jalmi sanes anu kedah disalurkeun deui. Harta banda anu henteu dinafkahkeun dina jalan Allah bakal janten kotor, margi tos campur bagian halal anu janten hak anu ngamilikna sareng bagian haram anu janten hak jalmi-jalmi fakir, miskin, sareng jalmi-jalmi sanes anu meryogikeunana. Allah SWT ngadawuh (dina Surat at-Taubah [9] ayat 103):

خذ من أموالهم صدقة تطهرهم وتزكيهم بها ....

“Cokot zakat tina sabagian harta-harta maranehanana, ku zakat eta maneh geus ngabersihkeun jeung nyucikeun maranehanana….”

Hadirin sidang Jum’ah rahimakuullah.
Harta banda mangrupikeun ujian. Anu janten ujian sanes wungkul kafakiran atanapi kamiskinan, nanging kakayaan harta banda oge mangrupikeun ujian. Masalahna sanes aya atanapi henteu aya harta banda, sanes beunghar atanapi miskin, nanging kumaha sikep jalmi dina mayunan kondisi-kondisi eta. Dua kondisi ieu aya di manusa, anu tujuan dipungkureun eta sadaya mung hiji, nyaeta sangkan Allah nyoba sareng uninga saha anu paling sae amalna. Kangge anu kakirangan harta, kasabaran mangrupikeun sikep anu paling utami dina mayunan kondisi eta. Allah SWT ngadawuh dina Surat al-Baqarah (2) ayat 155:

ولنبلونكم بشيء من الخوف والجوع ونقص من الأموال والأنفس والثمرات وبشر الصابرين


“Jeung kami bener-bener bakal nyoba ka aranjeun, ku saeutik rasa sieun, lapar, kakurangan harta, jiwa jeung bubuahan. Jeung bikeun kabar gumbira ka jalma-jalma anu salabar”.

Sedengken kangge anu ngagaduhan harta, tangtosna oge, aya kawajiban-kawajiban anu kedah dilaksanakeun tina harta eta, nyaeta ngabalanjakeunana dina jalan Allah sareng nyumponan zakatna.


Hadirin sidang jum’ah anu miharep rahmat Allah.
Sajabi ti eta, anu kedah diperhatoskeun kuurang, harta banda mangrupikeun hiasan atanapi papaes kahirupan. Allah SWT parantos ngadamel saneskanten papaes hirup kangge manusa. Kulawarga, anak, jabatan, sareng harta banda, kalebet kana papaes hirup. Ku ayana papaes ieu kahirupan janten dinamis sareng endah. Nanging peryogi janten kasadaran urang, pesona kaendahan hirup eta kadang-kadang nyilaukeun dugi ka moekkeun panon hate manusa. Balukarna panon hate teu awas deui dina ningali mana anu hak sareng batil, oge manusa janten lali ka Allah sareng kana tujuan awal diciptakeunana hiasan eta. Teu saalit balukar serab ku harta banda eta, jalmi ngempelkeun artos sareng kakayaan ku jalan anu teu halal sapertos nyalahgunakeun kadudukan sareng wewenang, manipulasi, ngadu, ngabohong, sareng korupsi. Allah SWT parantos ngemutan ka urang ku dawuhana-Na (at-Taghabun [64]: 15)

إنما أموالكم وأولادكم فتنة والله عنده أجر عظيم

“Saestuna harta jeung budak-budak aranjeun, eta teh saukur jadi cobaan (pikeun aranjeun). Jeung di sandingeun Allah pahala anu gede”

Hadirin rahimakumullah.
Ti nu sadaya eta, urang peryogi mosisikeun harta banda dina posisi anu tepat, nyaeta dijantenkeun bekel kangge ibadah. Urang hirup di dunya ieu tujuan utamina sanes kangge ngudag harta banda, nanging kangge ngudag karidloan Allah SWT ku jalan ibadah sareng to’at ka Mantena. Tujuan diciptakeunana manusa, sakumaha kaunggel dina al-Quran, nyaeta sangakan manehanana ibadah ka Allah. Ku kituna, sadaya parangkat duniawi, boh anu materil atanapi nonmaterial, teu kenging dijantenkeun alesan pikeun hiji jalmi poho ka Allah. Dina al-Quran diuningakeun (Surat al-Munafiqun [63]:9):

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلا أَوْلادُكُمْ عَن ذِكْرِ اللَّهِ وَمَن يَفْعَلْ ذَلِكَ فَأُوْلَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ

“He jalma-jalma anu ariman, teu meunang harta-harta jeung budak-budak aranjeun mopohokeun aranjeun tina eling ka Allah. Saha jalma anu migawe kitu, maka maranehanana eta jalma-jalma anu rarugi”

Harta didamel ku Allah sangkan janten sarana anu tiasa ngadugikeun manusa kana karidloan Allah SWT. Harta banda sareng kakayaan mangrupikeun salah sawios sarana sareng kedah digunakeun kangge ibadah. Harta sanes wungkul janten ibadah nalika dinafkahkeun dina jalan Allah, nanging oge malihan parantos ngagaduhan nilai ibadah nalika manusa kalayan ikhlas milari harta banda dina enggoning nyumponan nafkah kangge kulawargina sareng salangkungna kangge kamaslahatan umat.

بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل الله منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم
الحمد لله الذي نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور أنفسنا وسيئات أعمالنا من يهد الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له وأشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أللهم صل وسلم على رسول الله سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن تبعه إلى يوم القيامه. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلاً سَدِيدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَن يُطِعْ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا. أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.

عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: