Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 29 Oktober 2010

Musibah

الْحَمْدُ للهِ الَّذِي يُنِيْرُ بِالْهُدَى دُرُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَاأَيُّهَاالْحَاضِرُوْنَ أُوْصِى نَفْسِى وَإِيَاكُمْ بِتقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. فَقَدْ قَالَ اللهُ فِي تَنْـزِيْلِهِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ قل لن يصيبنا إلا ما كتب الله لنا هو مولانا وعلى الله فليتوكل المؤمنون

Hadirin, ahli Jum’ah anu miharep rahmat Allah.
Dina sababaraha minggon anu pengker ieu bangsa urang nuju teras-terasan ngarandapan mangrupi-rupi kasedih ku kajantenan-kajantenan musibah. Anu masih keneh haneut dina emutan urang nyaeta ngeunaan kajantenan Tsunami di Mentawai Sumatera Barat sareng bencana alam Gunung Merapi di Yogyakarta. Dua musibah ieu parantos narik perhatosan urang kumargi mangsa kajantenanana patutur-tutur sareng ngabalukarkeun korban anu teu saalit, boh jiwa sumawonten harta. Urang du’akeun, mudah-mudahan aranjeuna anu kamusibahan, dipaparinan kasabaran, katabahan sareng kakiatan lahir-batin dina mayunan kondisi anu teu dipikahoyongna, sementawis kaum muslimin anu parupus, ditampi iman-islamna, dihapunten sagala dosa sareng kalepatanana.


Kasedihan dulur-dulur urang di Mentawai sareng kawasan Merapi, oge mangrupikeun kasedihan urang sadaya di dieu di tempat ieu. Saha wae anu kamusibahan sapertos dina dua kajantenan ieu, tangtos kondisi batinna bakal ngaraoskeun aya kanyeri sareng kanalangsa. Teu saalit kumargi musibah, jalmi janten  depresi, shock, putus asa sareng kaicalan optimisme sareng harapan hirupna. Kangge jalmi anu iman, cara pangsaena anu kedah dipidamel nyaeta nyanggakeun sagala perkawisna ka Allah SWT. Urang kedah yakin yen saageung naon wae hiji problema, pasti eta masih tetep aya dina ambang batas kamampuhan  daya dukung hamba-Na:
لا يكلف الله نفسا إلا وسعها
“Allah henteu ngabeungbeuratan hiji jalma, kajaba akur jeung kasanggupanana”

Tina sudut pandang Tasawwuf, musibah atanapi kasangsaraan hirup mangrupikeun salah sawios wujud “kacinta” Pangeran ka hamba-Na. Tiasa janten Allah ngarindukeun hamba-Na, nanging hamba-Na ieu ngabalieur sareng katipu ku kasenangan dunyawina. Balukarna Allah ngemutan ka manehna ku cara ngalungsurkeun musibah atanapi kasangsaraan hirup. Kabuktosan, ku musibah sareng kasangsaraan hirup eta hamba Allah tadi mulih deui ka jalan Mantena anu leres. Hiji jalmi anu hirup dina kasenangan sareng kamewahan, sering pisan langkung hese kangge ngayakeun pendakian (taraqqi) ka Rabb (Pangeran)-na, margi sadaya kabutuhan hirupna kacumponan. Dina kondisi sapertos kieu, seueur jalmi lalai kangge ngadu’a. Ibadah anu dijalankeun mung sawates kawajiban, sanes leres-leres karana mikacinta Allah. Kukituna, tingkat kakhusyuan ibadahna oge janten lemah.

Hadirin Ahli Jum’ah rahimakumullah.
Musibah-musibah di Lemah Cai ieu, tos sakedahna dipayunan ku sikep tawakkal, ridla sareng ikhlas, masrahkeun diri kalayan sagemblengna ka Allah SWT. Urang kedah percanten yen musibah sareng kasangsaraan hirup ieu mangrupikeun pilihan anu pangsaena ti Allah pikeun urang. Allah SWT micinta hamba-Na sareng mikahoyong nyalametkeunana tina siksaan anu langkung nyeri sareng langkung lami. Nabi SAW kantos nyaurkeun,
ما من مسلم يصاب بمصيبة وجع أو مرض إلا كان كفارة ذنوبه حتى الشوكة يشاكها أو النكبة
“Henteu hiji muslim ditimpa musibah kasangsaraan hirup, atawa panyakit, nepikakeun cucuk anu nyugak atawa bencana, kajaba eta teh jadi kafarat dosa-dosana”.

Dina salah sawios riwayat disebatkeun, “Ageungna pahala,  sok disarengan ku ageungna cobian, sareng sayaktosna Allah dimana-mana mikacinta ka hiji kaum, maka anjeuna bakal nyobi ka maranehanana, saupama ridla maka Allah bakal ngaridlaan, tapi saupama bendu maka Allah bakal ngabenduan”.

Kaum muslimin anu dimulyakeun ku Allah.
Sumangga urang petik hikmah anu kalintang pentingna tina kajantenan-kajantenan musibah ieu. Sering pisan urang kedah syukuran yen musibah memang ngalahirkeun kakuciwaan hirup, nanging dina saat anu sami diri urang aya kalana tiasa ngaraoskeun ayana paraosan khusus langkung caket sareng Allah. Malihan paraosan langkung caket ieu teu kantos karaos ti anggalna. Sering pisan paraosan caket ieu justeru langkung dominan tinimbang paraosan kuciwa tadi. Ieu hartosna musibah membawa nikmat sareng leres-leres musibah eta karaos minangka ungkapan rasa “cinta” Allah ka hamba-Na.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ
الحمد لله الذي نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور أنفسنا وسيئات أعمالنا من يهد الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له وأشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أللهم صل وسلم على رسول الله سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن تبعه إلى يوم القيامه. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنا دِيْنَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنا وَأَصْلِحْ لنا دُنْيَانا الَّتِي فِيهَا مَعَاشُنَا وَأَصْلِحْ لنا آخِرَتنا الَّتِي فِيهَا مَعَادُنا وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لنا فِي كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لنا مِنْ كُلِّ شَرٍّ ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.

عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: