Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 26 Agustus 2011

Amaliah Ramadlan

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على سيدنا محمد خيرالأنام وعلى آله وأصحابه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون،  وقال الله تعالى: وَلَا يَحْسَبَنَّ الَّذِينَ يَبْخَلُونَ بِمَا آتَاهُمُ اللَّهُ مِنْ فَضْلِهِ هُوَ خَيْرًا لَهُمْ بَلْ هُوَ شَرٌّ لَهُمْ سَيُطَوَّقُونَ مَا بَخِلُوا بِهِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ وَلِلَّهِ مِيرَاثُ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاللَّهُ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرٌ




Hadirin sidang Jum’at Rohimakumulloh.
Kirang langkung tilu dinten deui kapayun, saupami Allah ngersakeun urang panjang yuswa, urang tiasa keneh sasarengan sareng sasih anu mulya, sasih Ramadlan. Nanging sasih ieu  dina etangan singket  bakal mungkur sareng ngantunkeun urang digentos ku sasih syawal. Kumargi sakitu sesa-sesa dinten anu akhir ieu sumangga urang intensifkeun sareng optimalkeun ku amaliah-amaliah utami Ramadlan, sahingga urang tiasa ngaraih saseueur-seueurna kasaean sasih ieu, margi saha anu tiasa ngajamin yen dina Ramadlan taun payun yuswa urang masih keneh dipanjangkeun? Ningkatkeun produktifitas amal kasaean dina mangsa-mangsa anu bade seep diharepkeun tiasa ngajantenkeun runtuyan sadaya amal urang ditungtungan ku kaayaan anu sae, anu dina istilah kahirupan disebat “husnul khotimah” . Malahmandar tung-tung anu sae eta tiasa janten simbol kana ditampina amal-amal kasaean urang ku Allah SWT.  Utamina deui amaliah-amaliah eta tiasa nganterkeun urang kana darajat muttaqin.

Amaliah-amaliah Ramadlan, sakumaha sering dijelaskan ku para ulama, sanes wungkul shaum, tarawih, qiyamullail, tilawatul qur’an, sareng I’tikaf, nanging oge infaq, shadaqah, ith’amuth tha’am (masihan tuangeun), wakaf sareng zakat. Upami shaum, tarawih, qiyamullail, tilawatul qur’an, sareng I’tikaf langkung nekenkeun kana produktifitas kasolehan individual, maka infaq, shadaqah, ith’amuth tha’am, wakaf sareng zakat langkung ageung kaitanana sareng produktifitas & aktifitas ibadah maliyah anu ngalahirkeun kasolehan sosial. Dua dimensi ibadah ieu sami-sami  janten unggulan amaliah Ramadlan, anu kedah diperhatoskeun sareng dilaksanakeun sacara saimbang.

Patali sareng Ibadah sosial ieu, Ramadlan janten sasih santunan nalika jalmi-jalmi anu iman sadar, yen shaumna ngadidik maranehanana sangkan ngamilik empati ka fakir-miskin, ku ngaraoskeun lapar sareng hanaang sakumaha anu diraoskeun ku maranehanana. Kumargi kitu, urang salayakna janten jalmi berean sareng bageuran dina sasih Ramadlan, dimana kabageuran ieu tiasa diraoskeun manfaatna ku kaseseueuran jalmi.  Agama Islam parantos nanjeurkeun kawajiban anu janten salah sawios pilar agama nyaeta zakat.  Salah sawios nilai substansial anu napel dina kawajiban ngalaksanakeun zakat ieu nyaeta nilai kabageuran sareng kaberpihakan ka kaum dhuafa. Rizki sareng pitulung Allah bakal sumping nalika urang ngalaksanakeun pembelaan kana kapentingan kaum dhuafa. Numutkeun sunnatullah, sikep pedit sareng mentingkeun diri nyalira sok nyandak kana kareksakan, sanes wungkul dina tatanan kahirupan pribadi sareng kulawargi, nanging oge dina kasaimbangan kahirupan masyarakat, bangsa sareng nagara. Ku kecap sanes, aya korelasi antawis kasajahtraan sareng kaadilan ekonomi hiji nagara ku pamihakan sareng pembelaan hak-hak rakyat miskin.
Perilaku tuna-sosial anu nyirikeun sikep mentingkeun diri nyalira, kalayan tegas dicela ku Allah SWT dina dawuhana-Na:
وَلَا يَحْسَبَنَّ الَّذِينَ يَبْخَلُونَ بِمَا آتَاهُمُ اللَّهُ مِنْ فَضْلِهِ هُوَ خَيْرًا لَهُمْ بَلْ هُوَ شَرٌّ لَهُمْ سَيُطَوَّقُونَ مَا بَخِلُوا بِهِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ وَلِلَّهِ مِيرَاثُ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاللَّهُ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرٌ

“Jeung poma ulah nyangka jalma-jalma anu koret ku harta anu ku Allah dibikeun ka maranehna tina kurnia-Na, yen lampah kitu teh hade pikeun maranehna. Saenyana sikep koret eta kacida goreng. Harta anu dikoretkeun ku maranehna eta, bakal dikangkalungkeun dina pundukna engke dina poe kiamat. Jeung milik Allah sagala warisan langit jeung bumi, jeung Allah maha uninga kana naon rupa anu dipilampah ku maraneh” (ali Imran: 180).
Islam ngajarkeun, yen kabagjaan sajati bakal karaih nalika urang mampu masrahkeun naon anu ku urang dipimilik ka jalma lian anu ngabutuhkeun. Fakir miskin, budak yatim anu teu mibanda harta sarta jalma-jalma anu tingkat ekonomina dihandapeun standar kacukupan anu jumlahna teu kinten ageungna di negara urang, meryogikeun kaberpihakan sareng kapedulian ti pamarentah sareng warga masyarakat anu sanesna. Numawi sakitu Rasulullah SAW parantos netepkeun kawajiban zakat fitrah ka satiap muslim, sebagai simbol tina kapedulian sosial sareng kaberpihakan ka kaum lemah:
عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ قَالَ فَرَضَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- زَكَاةَ الْفِطْرِ طُهْرَةً لِلصَّائِمِ مِنَ اللَّغْوِ وَالرَّفَثِ وَطُعْمَةً لِلْمَسَاكِينِ فَمَنْ أَدَّاهَا قَبْلَ الصَّلاَةِ فَهِىَ زَكَاةٌ مَقْبُولَةٌ وَمَنْ أَدَّاهَا بَعْدَ الصَّلاَةِ فَهِىَ صَدَقَةٌ مِنَ الصَّدَقَاتِ

“Rasulullah SAW ngawajibkeun zakat fitrah anu ngabersihkeun jalma shaum tina caritaan sia-sia jeung kotor, oge anu jadi kadaharan pikeun jalma-jalma miskin. Jalma anu ngalaksanakeun zakat fitrah samemeh shalat (‘id), maka eta jadi zakat anu ditarima, sedengkeun anu ngalaksanakeunana sabada shalat (‘id), maka eta jadi sedekah diantara sedekah-sedekah anu sejenna.” (HR Ibnu Majah).


Hadirin Ahli Jum’ah rahimakumullah.
Dina raraga nunaikeun zakat fitrah, sumangga urang salurkeun kawajiban urang ieu ngalangkungan lembaga-lembaga anu tiasa dipercanten ngalolana,  sapertos UPZ DKM (Unit Pengumpul Zakat DKM) anu memang tugas sadidintena ngatur sareng nasharufkeun dana-dana umat. Potensi zakat, infak, shadaqah, sareng wakaf di negeri ieu antawis 100 dugi ka 217 trilyun rupiah dina sataun, sababaraaha kali lipet tina anggaran Kementerian Pendidikan Nasional dina RAPBN 2011 anu ageungna 50 trilyun, subhanallah, dana anu henteu saalit, saupami tiasa digali sareng diberdayakeun, tangtos kondisi ekonomi umat Islam bakal langkung sae.

بار ك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الآيات والذكرالحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم





الحمد لله رب العالمين وبه نستعين على أمورالدنيا والدين والصلاة والسلام على أشرف الأنبياء والمرسلين محمد وعلى آله وأصحابه أجمعين. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله صادق الوعد الأمين. أللهم صل وسلم على سيد المرسلين محمد وعلى آله وصحبه أجمعين. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.
عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: