Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 21 Juli 2011

Sya'ban Sasih Persiapan

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على سيدنا محمد خيرالأنام وعلى آله وأصحابه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون،  وقال الله تعالى: يا أيها الذين آمنوا اتقوا الله وابتغوا إليه الوسيلة وجاهدوا في سبيله لعلكم تفلحون.



Ma’asyirol Muslimin anu miharep rahmat Allah
Ku etangan dinten isnya Allah kalayan idzin Allah urang bakal patepang sareng sasih anu agung, Ramadlan. Mudah-mudahan Allah SWT maparin barakah dina sasih Sya’ban ieu, oge sasih Rajab anu parantos kalangkung, sareng Mantena manjangkeun yuswa urang sahingga tiasa patepang deui sareng Ramadlan,  Allahumma baarik lana fii rajaba wa sya’bana wa ballighna ramadlaana.
Kangge umat Islam, sasih Sya’ban mangrupikeun moment anu berharga dina raraga nyiapkeun diri mayunan sasih Ramadlan. Persiapan anu sae, diharepkeun tiasa ngabantos kana
ngahasilkeun hiji padamelan anu sae. Teu saalit, hasil padamelan kirang nyugemakeun kumargi kirang persiapan ti anggalna. Sasih Sya’ban ieu tiasa janten sarana kangge ningkatkeun kualitas ibadah shaum dina sasih Ramadlan engke. Umat Islam tiasa janten langkung merhatoskeun sasih Rajab, kumargi aya peristiwa Isra Mi’raj sareng sasih Ramadlan kumargi istimewa tinimbang merhatoskeun sasih Sya’ban anu aya diantawis dua sasih eta. Padahal dina mayunan sasih Ramadlan, justeru Rasulullah SAW nyiapkeun anjeun sareng ngawitan ningkatkeun amaliah ibadah ti sasih Sya’ban, nyaeta ku ngalaksanakeun shaum sunat. Anjeuna ngadawuh:

ذلك شهر يغفل الناس عنه بين رجب ورمضان ، وهو شهر ترفع فيه الأعمال إلى رب العالمين ، فأحب أن يرفع عملي وأنا صائم

“Sya’ban mangrupakeun bulan anu dipopohokeun ku manusa, di antara bulan Rajab jeung Ramadlan. Padahal Sya’ban mangrupakeun bulan diangkatna amal manusa ka payuneun Allah Rabul ‘Alamin, maka kaula mikaresep nalika amal kaula diangkat, kaula keur shaum” HR Imam Ahmad.
Ku kituna, dina enggoning ngaraih pahala sareng amaliah anu optimal dina sasih Ramadlan engke, maka henteu aya lepatna urang ngajantenkeun sasih Sya’ban ieu sebagai sasih persiapan.



Ma’asyirol Muslimin anu miharep rahmat Allah
Urang ngaharepkeun pisan, dina sasih Ramadlan engke sajabi ti tiasa ngalaksanakeun shaum kalayan sampurna oge tiasa ngaraih kautamian-kautamian Ramadlan. Kumargi sakitu, sakirang-kirangna ti kawitan ayeuna urang kedah merhatoskeun:


1.    Persiapan ruhani, nyaeta ngabiasakeun diri ku ningkatkeun ibadah-ibadah mahdlah, sapertos shaum, qiyamullail, sareng tilawatul-qur’an. Ruhani bakal kiat sareng kalatih dina sasih Ramadlan, saupami hal-hal ieu parantos dilaksanakeun sareng dibiasakeun ti sateuacanna. Ku hal eta, Rasulullah SAW sakumaha diriwayatkeun dina dua kitab hadits sahih, Bukhari & Muslim, sateuacan lebet kana sasih Ramadlan anjeuna ngabiasakeun malihan nyeueurkeun shaum dina sasih Sya’ban. Sayyidah ‘Aisyah r.a. ngariwayatkeun: “Kaula can pernah nempo Rasulullah SAW shaum salila sabulan sagemblengna kajaba dina bulan Ramadlan, jeung kaula can pernah nempo anjeuna ngalobakeun shaum dina sabulan kajaba dina bulan Sya’ban.

2.    Persiapan elmu syar’i, nyaeta nyiapkeun katerang ngeunaan ibadah-ibadah Ramadlan. Ramadlan anu pinuh ku limpahan rahmat sareng kautamian, baris tiasa karaoskeun nalika jalmi leres-leres faham elmu ngeunaan Ramadlan. Ku elmu syar’i eta hiji jalmi bakal ngajalankeun ibadah Ramadlan-na kalayan leres didadasaran ku elmu, iman sareng ikhlas miharep pahala sareng ridla Allah Ta’ala (imanan wa ihtisaban). Ku bekel elmu syar’i anu cekap, insya Allah ibadah anu dijalankeun salami sasasih Ramadlan bakal janten ibadah anu maqbulah (ditampi Allah SWT), margi dijalankeun atas dasar parentahan sareng tuntunan Allah SWT & Rasulullah SAW. Allah SWT ngadawuh:

ولا تقف ما ليس لك به علم إن السمع والبصر والفؤاد كل أولئك كان عنه مسؤولا

“Jeung anjeun ulah nuturkeun naon anu anjeun teu ngabogaan kanyaho ngeunaan eta, saestuna pangdenge, panempo, jeung hate, sakabeh eta teh bakal dipenta pertangggungjawabanana.”


Elmu anu diperyogikeun sanes wungkul ngeunaan shaum nanging oge kautamianana, hikmah-hikmahna sareng ibadah-ibadah anu sanesna, margi dina Ramadlan saneskanten rupi-rupi ibadah baris dilipatgandakeun pahalana. Kumargi sakitu elmu-elmu ibadah eta tiasa ngabantos urang dina ngaoptimalkeun sareng ngaronjatkeun mutu ibadah salami Ramadlan.

3.    Persiapan Materi, nyaeta harta atanapi naon bae anu tiasa digunakeun dina ningkatkeun ibadah-ibadah sosial salami sasih Ramadlan. Ramadlan janten sasih santunan nalika jalmi-jalmi anu iman sadar sagemblengna yen shaumna ngadidik maranehanana sangkan ngamilik empati ka fakir-miskin, ku ngaraoskeun lapar sareng dahaga sakumaha anu diraoskeun ku maranehanana. Kumargi kitu, kaum muslim salayakna janten jalmi berean sareng bageuran dina sasih Ramadlan.  Rasulullah SAW mangrupikeun jalmi anu pangbageuranana, kabageuranana langkung-langkung saupami aya dina sasih Ramadlan. Sagala amal anu aya patula patali sareng harta, sapertos zakat fitrah, infak, sedekah, wakaf, malihan zakat harta oge saena dilaksanakeun dina sasih anu mulia ieu. Masihan sanaos saalit,  janten ageung nilaina di payuneun Allah SWT.  Salah sawios riwayat nguningakeun saha anu masihan tuangeun atanapi leueuteun ka nu nuju shaum, sanaos saalit, maka anjeuna baris kenging pahala shaum, sakumaha pahala anu diraih ku nu ngalaksanakeunana.
Jama’ah Jum’ah rahimakumullah
Kumargi sakitu sumangga sasih Sya’ban ieu, sakali deui, urang jantenkeun sasih persiapan dina raraga ngabageakeun sasih Ramadlan anu sababaraha dinten deui bakal dipayunan. Ramadlan mangrupikeun sasih anu pinuh ku barokah, sasih dilungsurkeunana al-Qur’an, sasih anu di lebetna aya hiji wengi anu langkung sae batan sarebu bulan. Mudah-mudahan urang sadaya tiasa ngaraih kaberkahan Ramadlan eta, aamiin...


---------------------------

الحمد لله رب العالمين وبه نستعين على أمورالدنيا والدين والصلاة والسلام على أشرف الأنبياء والمرسلين محمد وعلى آله وأصحابه أجمعين. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله صادق الوعد الأمين. أللهم صل وسلم على سيد المرسلين محمد وعلى آله وصحبه أجمعين. أما بعد, وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.
عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: