Peta Situs
Sering Dibaca
-
الحمد الله الّذى أمرنا بالتّعاون والا تّحاد.ونهاناعن التّخالف والانفراد أشهد انّ لا اله إلا الله وحده لا شريك له شهادة ادّخرها ليوم المعاد....
-
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْم...
Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 09 September 2011
Hikmah Ramadlan
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ
إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ
اللهِ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ
مُّسْلِمُوْنَ ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى:
وَسَارِعُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمَاوَاتُ
وَالْأَرْضُ أُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِينَ ,الَّذِينَ يُنْفِقُونَ فِي السَّرَّاءِ
وَالضَّرَّاءِ وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللَّهُ
يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ .
Hadirin sidang Jum’at Rahimakumullah.
Sasih Ramadlan parantos mungkur ti payuneun urang, tangtos seueur pangalaman, kesan sareng hikmah anu tiasa dipetik kuurang salami urang ngalaksanakeun ibadah Ramadlan. Saupami urang nitenan ayat-ayat anu aya kaitanana sareng shaum Ramadlan, nyaeta ayat 183 dugi ka ayat 187 surah al-Baqarah, tembong redaksi tungtung-tungtung ayat eta nganggo fi’il mudhari (anu nuduhkeun padamelan dina mangsa ayeuna sareng mangsa anu bakal sumping). Ieu hartosna, shaum kedah berwawasan mangsa ayeuna sareng mangsa kapayun. Katakwaan anu diharepkeun janten hasil tina shaum, mangrupikeun kondisi awal, kondisi anu nyarengan, nungtungan, sareng kondisi anu kedah teras-terasan diwujudkeun dina kahirupan urang kapayun sabada Ramadlan. Aya tilu hikmah Ramadlan anu tiasa dijantenkeun panduan kuurang dina raraga ngawujudkeun katakwaan anu diorientasikeun pikeun mengawali, nyarengan sareng nungtungan satiap padamelan urang.
Hikmah kahiji, Ramadlan mangrupikeun Madrasah Tahdzibun Nafsi
Hartosna, Ramadlan parantos ngalatih urang sangkan mampuh mimpin diri sarta teras-terasan waspada kana musuh diri manusa anu paling beurat margi musuh ieu nyumput sareng aya di diri urang masing-masing. Musuh ieu teu kantos kompromi sareng urang, nyaeta hawa nafsu. Rasulullah SAW nyaurkeun:
المجاهدُ مَنْ جاهد نفسه في الله
“Pejuang nyaeta jalma anu
ngalawan dirina sorangan di jalan Allah”Diri manusa, sakumaha kasauran Imam al-Ghazali, ngagaduhan opat sifat, tilu sifat diantawisna matak ngabinasakeun manusa, sedengkeun hiji sifat potensina nganteurkeun manusa kana kabagjaan. Kahiji, sifat hewan ternak (بَهِيْمِّيةْ); tanda-tandana teu gaduh rasa isin sareng ngahalalkan sagala cara demi ngahontal tujuan. Kadua, sifat sato galak (سَبُعِيَّةْ); tanda-tandana seueur ngadhalim ka batur sareng saeutik nyieun kaadilan, anu kuat kudu meunang sanajan salah sedengkeun anu lemah kudu eleh sanajan bener. Katilu sifat syaithaniyah; tanda-tandana nuturkeun hawa nafsu anu matak ngancurkeun martabat manusa.
Saupami tilu sifat ieu langkung dominan dina kahirupan hiji masyarakat, tangtos bakal lahir hiji perobihan tatanan sosial anu sanget dipikahariwangkeun dimana hukum anu ditegakkeun hukum rimba, kaadilan digusur ku kadhaliman. Anu mibanda kakawasaan poho kana tanggungjawabna, sedengkeun rakyat henteu sadar kana kawajibanana. Kataatan akhirna kalindih ku kamaksiatan.
Sedengkeun hiji-hijina sifat anu tiasa nganteurkeun kana kabagjaan nyaeta sifat rububiyah (رُبُوْبِيَّةْ); tandana nyaeta kaimanan, katakwaan sareng kasabaran anu parantos dibina salami sasih Ramadlan. Jalmi anu tiasa ngaoptimalkeun sifat rububiyah ieu dina jiwana, tangtos jalan hirupna bakal dicaangan ku cahaya al-Qurán, laku lampahna bakal dipapaesan ku akhlaqul karimah. Salajengna, anjeuna bakal janten insan muttaqin paska-Ramadlan, insan anu mampuh nembongkeun sifat-sifat kadermawanan, nahan diri tina hawa nafsu, ageung pangampura, sareng resep migawe kahadean ka sasama manusa, sakumaha dawuhan Allah SWT (Ali Imran: 143)
الَّذِينَ يُنْفِقُونَ فِي السَّرَّاءِ وَالضَّرَّاءِ وَاْلكَاظِمِيْنَ اْلغَيْظَ وَاْلعَافِيْنَ عَنِ
النَّاسِ
Hikmah kadua, nyaeta
pesan sosialPesan sosial Ramadlan ieu digambarkeun kalayan sae dina detik-detik akhir Ramadlan. Nalika umat Islam ngaluarkeun zakat fitrah kangge dalapan kategori kelompok masyarakat anu meryogikeunana, terutami kaum fakir miskin, katembong pisan kumaha sumangat berbagi ieu teu kinten pageuhna diantawis jalmi-jalmi muslim. Kasenjangan komunikasi sareng tali silih pikanyaah anu sateuacanna sempet kirang diperhatoskeun, nyata sirna. Spirit zakat fitrah ieu ngalahirkeun kasadaran pikeun silih tulungan (taáwun) antara jalmi-jalmi kaya sareng jalmi-jalmi miskin, antara jalmi-jalmi anu hirupna serba berkecukupan sareng jalmi-jalmi anu hirupna serba kekurangan. Dina kasempetan ieu, jalmi anu nampi zakat bakal ngaraos kabantu beban hirupna, sedengkeun anu masrahkeun zakat bakal kenging jaminan pahala ti Allah SWT.
Hikmah katilu, nyaeta pesan jihad
Jihad anu dipimaksad didieu sanes jihad dina hartosna anu sempit, nyaeta perang di medan pertempuran, nanging jihad dina hartosna anu utuh, nyaeta:
بَذْلُ مَاعِنْدَهُ وَمَا
فِى وُسْعِهِ لِنَيْلِ مَا عِنْدَ
رَبِّهِ مِنْ جَزِيْلِ ثَوَابِ
وَالنَّجَاةِ مِنْ اَلِيْمِ عِقَابِهِ
"Masrahkeun sagala rupa anu aya dina dirina sarta kamampuhanana pikeun ngaraih ganjaran anu seueur
ti sandingeun Pangeranana, sarta salamet tina siksa-Na anu nganyerikeun"Hartos jihad ieu langkung komprehensif, margi anu dituju nyaeta pangorbanan sagala anu dipimilik kuurang ti kawitan tanaga, pikiran, harta banda, dugi ka jiwa-raga demi ngahontal karidlaan Allah, kalebet jihad ngalawan diri urang nyalira anu disebat Jihadul Akbar, jihad anu paling ageung. Allah SWT ngadawuh:
يآاَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا
هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلىَ تِجَارَةٍ
تُنْجِيْكُمْ مِنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ. تُؤْمِنُوْنَ
بِاللهِ وَرَسُوْلِهِ وَتُجَاهِدُوْنَ
فِى سَبِيْلِ اللهِ بِاَمْوَالِكُمْ
وَاَنْفُسِكُمْ ذَالِكُمْ خَيْرٌ
لَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ.
"He jalma-jalma anu airman,
naha daek aranjeun ku Kaula dituduhkeun kana hiji perdagangan anu bisa
nyalametkeun aranjeun tina siksa anu peurih? Nyaeta aranjeun (kudu) iman ka
Allah jeung Rasul-Na jeung jihad di jalan Allah ku harta jeung diri
aranjeun. Eta anu leuwih hade pikeun aranjeun, lamun aranjeun nyaho mah "
(QS Ash-Shaff:10-12).Jama'ah Sholat Jum’at rahimakumullah.
Sakitu garis ageung hikmah anu tiasa dipetik tina Ramadlan. Ku ayana hal eta, sumangga urang sasarengan nyepeng pageuh tanggel waler kangge ngarealisasikeun tilu pesan tadi dina bingkai kahirupan nyata. Sumangga urang sasarengan ngadalikeun hawa nafsu urang nyalira, sangkan henteu kaprovokasi ku hal-hal anu dilarang sareng matak ngarugikeun pihak sanes, ngajalin tali silaturrahim sarta kerjasama sasama muslim bari henteu ngabeda-bedakeun status sosial, sarta melakkeun sumangat jihad pikeun ngawangun hiji sistim masyarakat anu ngagaduhan martabat, adil sareng sajahtera.
-------------------------------
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ
إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
لا نبي بعده، اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ ومن
تبعه الى يوم القيامة. عِبَادَ الله، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ
وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ
يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا
عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ
اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ
وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ. اَللَّهُمَّ افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَّا
بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا
حَسنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
0 comments:
Posting Komentar