Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 30 Desember 2011

Mapag Taun Anyar 2012

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلّ وِسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ الى يوم القيامة. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ واياي بِتَقْوَى اللهِ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ. وقال يآاَيُّهَا الَّذِيْنَ امَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّاقَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوْا اللهَ اِنَّ اللهَ خَبِيْرٌ بِمَا تَعْمَلُوْنَ

Ma’a syiral muslimin rahimakumullah,
Hiji tahap tina perjalanan hirup urang di dunya ieu dina taun 2011 Miladiyah, insya Alloh bakal lulus ku urang di tempuh. Kiwari urang nuju ngantos kana babak anyar dina taun anyar 2012 Miladiyah pikeun nempuh deui tahap-tahap kahirupan saterasna. Di payuneun urang parantos ngamplang lahan perjoangan pikeun ngabdikeun diri ka Gusti Alloh Swt, ngabaktikeun diri ka sasama manusa sarta ngawangun kahirupan dunya dina umumna anu pinuh ku pirang-pirang galura, kaayaan tur tangtanganana.

Ngemutkeun langkung abot tur komplekna masalah nu di sanghareupan dina taun anyar engke, sumangga urang sasarengan bebenah diri ku jalan ngukuhkeun iman sareng ngaweuteuhkeun sumanget pangabdian. Mangga urang tingkatkeun ajen ibadah sareng amaliah urang sangkan bener, luhur tur mulyana ajaran Islam sabage rohmatan lil’alamin teh ngawujud dina aktifitas kahirupan urang sadidinten.

Satiap sumping taun anyar sawadina ku urang dibageakeun ku syukuran ka Gusti Alloh Swt, margi urang masih dipasihan kasempetan nu taya hinggana pikeun ngalaksanakeun pancen hirup nu diamanahkeun ku Mantena. Teu aya kabagjaan nu panggede-gedena pikeun satiap insan anu iman kajabi ngeusian kahirupan ieu ku nyeueurkeun ibadah sareng amal soleh sakumaha nu ditandeskeun ku Kangjeng Rosul Saw, “Pangalus-alusna jalma nya eta anu panjang umurna jeung hade amalna”.
Syukuran kana ni’mat umur sareng kahirupan teh, nya eta ngajalankeun hirup ieu loyog sareng katangtosan nu nyiptakeunana, nya eta pikeun ibadah atanapi ngabdikeun diri ka Alloh Swt.
Pidawuh Alloh Swt. dina al-Qur’an:
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَاْلاِنْسَ اِلاَّ لِيَعْبُدُوْنَ (الذاريات : 56)
“Jeung teu pati-pati Kami nyiptakeun jin jeung manusa ka-jaba supaya aribadah ka Kami”. (QS. Adz-Dzariyat, 51: 56)
Hadirin Ahli Jum’at rahimakumullah
Nyambut taun anyar, salian ku syukur tadi sawadina ku urang dijantenkeun kasempetan kangge tafakur sareng muhasabah. Margi sumpingna taun anyar teh umur urang beuki ngolotan jeung ngorotan, tanaga beuki lemah, badan beuki ropoh, ripuh jeung rapuh. Jumlah umur nambahan wilanganana tapi mangsa hirup ngurangan jatahna. Mangsa ajal atanapi maot beuki nga-deukeutan.
Ngemutkeun eta, satiap datang parobahan waktu urang kedah muhasabah (ngahisab diri), ngitung untung rugi hirup dina mangsa nu geus kaliwat sangkan tiasa ngamangfaatkeun sesa umur ieu sahade-hadena pikeun ngahontal tungtung hirup anu husnul khotimah, nya eta posisi anu hade dina akhir hayat.

Dumasar kana amalna di dunya ieu manusa teh dibagi jadi tilu golongan sakumaha diterangkeun dina al-Qur’an:
ثُمَّ أَوْرَثْنَا الْكِتبَ الَّذِيْنَ اصْطَفَيْنَا مِنْ عِبَادِنَا فَمِنْهُمْ ظَالِمٌ لِّنَفْسِه وَمِنْهُمْ مُقْتَصِدٌ وَمِنْهُمْ سَابِقٌ بِالْحَيْرَاتِ بِاءِذْنِ اللهِ ذلِكَ هُوَ الْفَضْلُ الْكَبِيْرُ (فاطر : 32)
“Terus eta kitab teh ku Kami di wariskeun ka jalma-jalma anu dipilih ti antara abdi-abdi Kami; mangka ti antara maranehna aya anu nganiaya dirina sorangan; ti antara maranehna aya anu pertengahan; jeung ti antara maranehna aya oge anu paheula-heula nyieun kahadean kalawan idzin Alloh. Anu kitu teh karunia Alloh nu kacida gedena”. (QS. Fathir, 35: 32)

Rosululloh Saw parantos ngajelaskeun tilu golongan tadi, nya eta Saabiqun bil khoeroot biidznillaah jalma anu untung, muq-tashidun jalma anu rugi jeung dhoolimun linafsihi jalma anu cilaka. Saur Anjeuna :
مَنْ كَانَ يَوْمُهُ خَيْرًا مِنْ أَمْسِه فَهُوَ رَابِحٌ، وَمَنْ كَانَ يَوْمُهُ مِثْلَ أَمْسِهِ فَهُوَ مَغْبُوْنٌ وَمَنْ كَانَ يَوْمُهُ شَرًّا مِنْ أَمْسِهِ فَهُوَ مَلْعُوْنٌ
“Sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu leuwih alus ti poe kamari mangka untung; sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu sarua jeung poe kamari mangka rugi; jeung sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu leuwih goreng ti poe kamari mang-ka cilaka (dila’nat)”. (HR. Dzaelamie ti Sayyidina Ali bin Abi Thalib)

Hadirin Rohimakumulloh
Urang tangtos alim jadi jalma anu rugi komo deui cilaka, urang hoyong jadi jalma anu untung atawa bagja. Harepan urang, taun anyar ayeuna mawa suasana kahirupan anyar anu leuwih alus ti taun-taun anu kalangkung boh keur kahirupan pribadi jeung kulawarga boh keur kahirupan masarakat jeung bangsa sakumna. Ku kituna mangga urang mangfa’atkeun sesa-sesa yuswa ieu pikeun ningkatkeun ajen ibadah sareng amal soleh urang. Sagala ka-kirangan tur kasalahan dina mangsa-mangsa katukang mangga urang sampurnakeun sareng urang omean sangkan kahadean sareng kabagjaan anu ku urang di harepkeun tiasa kahontal atawa kapimilik.
Sok sanajan salaku manusa urang teu dipasihan kamampuhan pikeun ngaramalkeun mangsa pikahareupeun kalawan pasti, tapi Gusti Nu Maha Suci parantos masihan padoman sareng tungtunan ka urang sarerea sangkan nyiapkeun mangsa hirup pikahareupeun teh kalawan cerdas, taliti tur ati-ati sakumaha  kaunggel dina ayat Qur’an anu ditukil dina awal khutbah tadi.
Pidawuh Alloh Swt:
يآاَيُّهَا الَّذِيْنَ امَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّاقَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوْا اللهَ اِنَّ اللهَ خَبِيْرٌ بِمَا تَعْمَلُوْنَ. (الحسر : 18)
“He jalma-jalma anu ariman, prak aranjeun takwa ka Gusti Alloh, jeung sawadina satiap diri merhatikeun naon-naon nu geus dipigawena keur poe isukan (akherat). Jeung prak aran-jeun takwa ka Gusti Alloh. Saestuna Alloh Maha uninga kana naon perkara nu ku aranjeun dipigawe”. (QS. al-Hasyru, 59: 18)

Sidang Jum’ah Rohimakumulloh
Ku katakwaan ka Gusti Alloh Swt urang sadayana tiasa ngajalankeun tugas-tugas kahirupan kalawan hade, bener tur tepat boh tugas ibadah boh tugas kakholifahan. Sarta ngan ku katakwaan urang tiasa ngahontal sukses, untung jeung bagja, kajaga jeung karaksa tina karugian sarta kacilakaan hirup di dunya jeung di akherat. Insya Alloh.
Pamungkas, mung ka Gusti Alloh wungkul urang sumerah diri, nyuhunkeun inayah, hidayah sareng pangampura-Na, sahingga aya dina kasalametan pikeun salamina.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرأنِ الْكَرِيْمِ وَنَفَعْنِى وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، أَقُولُ قَوْ لِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْمُ.

________________



اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. عِبَادَ الله، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَقَرَابَتِهِ وَأَزْوَاجِهِ وَذُرِّيَّاتِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ جَمِيْعَ وُلاَةَ الْمُسْلِمِيْنَ، وَانْصُرِ اْلإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَأَهْلِكِ الْكَفَرَةَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَأَعْلِ كَلِمَتَكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ. اَللَّهُمَّ افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَّا بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسـنَةً وَفي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

Artikel Lainnya:

0 comments: