Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 26 April 2013

Nebihan Praktek Perdukunan


إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ  عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ. أَمَّا بَعْدُ, فيا مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، وَتَزَوَّدُوْا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى، قَالَ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ،: وَعِنْدَهُ مَفَاتِحُ الْغَيْبِ لَا يَعْلَمُهَا إِلَّا هُوَ وَيَعْلَمُ مَا فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَمَا تَسْقُطُ مِنْ وَرَقَةٍ إِلَّا يَعْلَمُهَا وَلَا حَبَّةٍ فِي ظُلُمَاتِ الْأَرْضِ وَلَا رَطْبٍ وَلَا يَابِسٍ إِلَّا فِي كِتَابٍ مُبِينٍ.


Kamajengan peradaban manusa sering diukur ku kamajengan teknologi sareng leupasna masyarakat tina praktek-praktek sareng kapercantenan kana hal-hal mistik-takhayul. Nanging sok sanaos kitu, di zaman kiwari ieu praktek-praktek klenik sapertos kitu masih keneh aya di tengah-tengah masyarakat urang, malihan tuwuh subur.
Di Indonesia praktek perdukunan ngagaduhan tapak-tapak sajarah. Dukun sareng politik janten fenomena sosial anu lazim. Konstelasi politik kangge ngarebut kakawasaan dina zaman karajaan-karajaan di Indonesia sateuacan moderen teu saalit anu dirojong ku kakiatan sareng kapercantenan kana hal-hal magis.
Mangsa kiwari demam dudukun henteu wae nimpah masyarakat kelas handap, nanging oge parantos nular ka masyarakat kelas elite anu saurna kantos ngiring ngaraosan pendidikan luhur. Teu saalit ti rengrengan maranehanana sapertos selebritas, elite politik, sareng jalmi-jalmi beunghar anu nyaketan sareng nyungkeun bantosan ka paranormal atanapi dukun ngeunaan nasib karir masa depan sareng cita-citana. Diantawis aranjeuna malihan aya anu ngajantenkeun paranormal salaku panasehat spiritualna.


Sanaos masalah perdukunan parantos dijelaskeun hukumna dina ajaran agama, nanging aya wae jalmi anu sok tatama sareng ngagumantungkeun nasib hirupna ka dukun atanapi paranormal. Rupina himpitan ekonomi sareng kasulitan hirup, utamina anu kaalaman ku jalmi-jalmi anu aya di kota-kota ageung parantos mampuh ngelehkeun kacerdasan sareng kakuatan akal sehat manusa. Sikep pegat pangharepan nanging gaduh impian luhur anu can kacumponan, dipayunan ku cara nempuh jalan irrasional anu henteu lazim sareng henteu sapagodos sareng bagbagan agama. Hal ieu dina giliranana dimanfaatkeun ku para dukun atanapi paranormal pikeun ngeruk kauntungan pribadi sok sanaos kudu ku cara nyasarkeun jalma sejen.


Dukun dina bahasa Arab disebat كاهن hartosna jalmi anu tiasa masihan informasi masa depan alam samesta ka manusa, sareng ngaku-ngaku dirina terang kana tabir-tabir rahasiah (al-asrar):

 الكاهِنُ الَّذِي يَتعاطي الخبرَ عَنِ الْكَائِنَاتِ فِي مُسْتَقْبَلِ الزَّمَانِ ويدَّعي مَعْرِفَةَ الأَسرار -لسان العرب لابن منظور-

Imam Nawawi dina Syarah Shahih Muslim ngajelasken yen di kalangan masyarakat Arab aya dukun-dukun, Kahanah, anu ngaku-ngaku maranehanana apal kana seueur perkara. Diantara maranehna aya anu ngaku ngabogaan batur mangrupa jin anu bisa nepikeun informasi-informasi; maranehna ngaku bisa ngomean rupa-rupa urusan ku pangarti anu ditarimana ti eta jin:

وكان في العرب كهنة يدعون أنهم يعرفون كثيرا من الأمور فمنهم من يزعم أن له رفقاء من الجن وتابعة تلقى إليه الأخبار ومنهم من يدعى أنه يستدرك الأمور بفهم أعطيه



Ajaran Agama parantos tegas dina masalah klenik perdukunan ieu, nyaeta  ngalarang kalayan henteu kompromi. Allah SWT ngadawuh dina al-Quran (Ali Imran: 179):

وَمَا كَانَ اللَّهُ لِيُطْلِعَكُمْ عَلَى الْغَيْبِ وَلَكِنَّ اللَّهَ يَجْتَبِي مِنْ رُسُلِهِ مَنْ يَشَاءُ

“Jeung Allah moal nempokeun perkara anu ghaib ka maraneh, tatapina Allah milih ti antara Rasul-rasul-Na saha anu dikersakeun ku Mantenna.”

Potongan ayat ieu masihan isyarat yen anu uninga perkara-perkara ghaib mung Allah sareng Rasul-rasul anu dikersakeuna-Na. Saupami aya jalmi ngaku-ngaku uninga kana perkara ghaib, maka manehanana disebut dukun. Numutkeun an-Nawawi dina Riyadlusshalihin, dukun sareng informasi ghaibna mangrupikeun wakil iblis, manehanana geus nyebarkeun berita bohong. Manehanana meunang informasi ghaib eta ti jin anu maok pangdenge berita langit tuluy nepikeun bari dibarengan ku saratus kabohongan.

Rasulullah SAW ngadawuh:

من اتي كاهنا فساءله عن شيء حجبت عنه التوبة اربعين ليلة فان صدقه بما قال كفر

“Saha jalma anu ngadatangan dukun, tuluy nanyakeun perkara ka manehna, maka bakal ditutup panto tobat pikeun manehna salila opat puluh peuting. Lamun ngabenerkeun kana ucapanana, maka manehna geus kufur” (HR Thabraniy).


Kumargi sakitu, praktek-prkatek dudukun sapertos kieu sumangga urang tebihan tina kahirupan urang. Langkung ti cekap fakta anu ngabuktoskeun yen perdukunan ieu parantos seueur ngamadaratkeun kana kahirupan manusa. Dampak negatif tina marakna praktek-praktek perdukunan ieu nyaeta parantos ngabalukarkeun runtuhna nilai-nilai sareng munculna rupa-rupa panyakit sosial, diantawisna penipuan, pembunuhan, pemerkosaan, fitnah sareng dendam kesumat anu akhirna  mecah belah persatuan sareng kesatuan masyarakat.

Kangge nebihanana mangga urang perkiat kaimanan ngalangkungan pangaosan-pangaosan di majelis-majelis taklim atanapi di DKM-DKM, campur gaul sareng jalmi-jalmi soleh, ngiatan ibadah, sareng nyeueurkeun aosan-aosan al-Quran. Oge teu kenging hilap urang istiqomah dina ngajalankeun amalan-amalan eta.


بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ

disampaikan di 
Masjid Al-Fatah, Jalan Limabelas Sukaherang
Singaparna Tasikmalaya
Jumat, 26-04-2013

Artikel Lainnya:

0 comments: