Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Rabu, 12 Desember 2012

Ngabageakeun Ramadlan 1433 H

الحمد لله الذى أنعمنا بنعمة الإيمان والإسلام. والصلاة والسلام على سيدنا محمد خيرالأنام وعلى آله وأصحابه وتابعيه على الدوام. أشهد أن لا إله إلاالله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أما بعد، فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون،  وقال الله تعالى: يا أيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته ولا تموتن إلا وأنتم مسلمون.

Hadirin sidang Jum’at rahimakumullah.
Kangge jalmi anu masih keneh dipaparinan yuswa panjang dugi ka wangkid kiwari patut syukuran ka Allah SWT wireh parantos ditepangkeun deui sareng sasih anu mulia, sasih Ramadlan. Parantos 7 dinten kaum muslimin ngalaksanakeun ibadah shaum dina sasih Ramadlan tahun 1433 H. ieu, malihan sapalih mah aya anu parantos 8 dinten. Dina sasih Ramadlan jiwa raga jalmi-jalmi anu ariman ditempa, dididik sareng dilatih sangkan ngahasilkeun insan-insan anu takwa (al-Baqarah:183) ngalangkungan shaum sareng amaliah-amaliah anu sanesna: 


يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

“He jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun shaum, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun, supaya aranjeun takwa”
Diriwayatkeun dina Hadits anu katampi ku Abu Hurairah, saupami sasih Ramadlan sumping, Rasulullah ngadawuh sareng masihan kabar gumbira ka para sahabat:

كَانَ رَسُولُ اللهِ يُبَشِّرُ أَصْحَابَهُ يَقُولُ: قَدْ جَاءَكُمْ شَهْرُ رَمَضَانَ, شَهْرٌ مُبَارَكٌ, كَتَبَ اللهُ عَليكُمْ صِيَامَهُ, فِيهِ تُفْتَحُ أَبْوَابُ اْلجَنَّةِ, وَتُغْلَقُ فِيهِ أَبْوَابُ اْلجَحِيمِ, وَتُغَلُّ فِيهِ الشَّيَاطِينُ, فِيهِ لَيْلَةٌ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ, مَنْ حُرِمَ خَيْرَهَا فَقَدْ حُرِمَ (رواه أحمد والنسائي)

“Rasulullah shallallahu'alaihiwasallam masihan kabar gumbira ka para shahabatna. Anjeuna ngadawuh,'Geus datang ka aranjeun bulan Ramadlan, bulan anu pinuh ku barkah; Allah geus ngawajibkeun ka aranjeun puasa Ramadlan.Dina bulan ieu panto-panto langit dibuka jeung panto-panto jahannam ditutup, sarta syetan-syetan dibelenggu. Dijerona aya hiji peuting anu leuwih hade batan sarebu bulan, maka saha jalma anu dijauhkeun tina kahadeanana, maka bener-bener manehanana geus dijauhkeun.” (HR. an-Nasa’i).

Ramadlan mangrupikeun sasih anu pinuh ku berkah. Katinggal para insan media, boh cetak atanapi elektronik, kaguyur ku kaberkahan Ramadlan ieu ku ningkatna sponsor sareng iklan-iklan komersial pariwara. Para penggiat entertainment kabanyiran job kedah manggung sareng nampilkeun peran. Nyakitu deui para ustadz sareng muballigh seueur nampi uleman ceramah. Padamel, buruh-karyawan, bakal nampi bonus, THR sareng sajabina. Ditilik tina sisi ieu, hadits anu diriwayatkeun ku Abu Hurairah eta leres pisan, yen Ramadlan nebarkeun kaberkahan ka jalmi-jalmi anu nyambutna.

Kaum muslimin rahimakumullah.
Ramadlan dina bahasa arab hartosna ngaduruk atanapi ngalebur. Biasana anu diduruk teh nyaeta hal-hal anu kotor sareng teu manfaat sapertos runtah anu barala, numpuk dina buruan, sareng ngaluarkeun bau teu sedap. Saupami runtah eta diduruk, halaman bumi janten bersih deui, endah katinggalna, sarta bakal tebih tina sagala rupi bibit panyawat anu matak ngaganggu kana kasehatan. Nanging aya oge anu diduruk teh sanes perkara anu kotor, sapertos beusi. Beusi nalika diduruk atanapi dibeuleum ku tukang pandai beusi, bakal gampil dibentuk janten naon wae sakumaha kapalay. Beusi ieu tiasa dijantenkeun perkakas anu ageung manfaatna kangge kahirupan manusa, sapertos dijantenkeun bedog, peso, mobil, motor sareng kapal.

Kumargi sakitu, Ramadlan diharepkeun tiasa ngaduruk sagala dosa sareng maksiat, ngalebur akhlak anu awon, salajengna nempa, sareng ngabentuk diri janten endah anu ngahasilkeun pelataran hate sareng jiwa anu bersih. Saupami hate parantos bersih, insya Allah jalmi moal bakal sesah ngalaksanakeun kato’atan sarta bakal caket sareng anu nyiptakeunana, nyaeta Allah SWT. Utamina deui, kaayaan jiwa anu bersih tiasa ngalahirkeun akhlak mulia, anu janten dasar pergaulan sae diantara sasama.

Jama’ah Jum’ah rahimakumullah
Ku hal sakitu sasih Ramadlan anu nuju dipajeng ieu, sumangga urang bageakeun kalayan suka-cita. Ngabageakeun Ramadlan sanes dicirikeun ku pola konsumsi anu benten terutami kana bahan-bahan kabutuhan poko sapertos pangan. Atanapi ku pola ngahambur-hamburkeun harta sareng kasenangan sasaat, sapertos nyeungeut petasan. Di hiji pihak nyundut petasan nimbulkeun kasenangan ka nu nyundutna, tapi disisi anu sanesna nimbulkeun madarat sapertos bahaya sareng ngaganggu katengtreman tatangga akibat tina soarana anu matak ngareuwaskeun. Ramadlan idealna disambut ku kasiapan batin, kasiapan kanggo ningkatkeun kato’atan ka Allah, kasiapan kanggo ningkatkeun kasolehan ka sasama, oge kasiapan kanggo senantiasa berinteraksi sareng al-Quran ku ngaderes, memahami, sareng ngamalkeunana.
Tangtosna kangge ngajantenkeun Ramadlan ieu langkung sae sareng berkualitas, diperyogikeun kasayogian lahir-batin anu kondusif, khususna anu kedah kenging prioritas nyaeta nyiapkeun elmu-elmu syar’i ngenaan Ramadlan eta nyalira. Ku bekel elmu syar’i eta hiji jalmi bakal leres-leres ngajalankeun Ramadlan-na kalayan iman sareng ikhlas miharep pahala sareng ridla Allah Ta’ala (imanan wa ihtisaban).

Ku bekel elmu syar’i anu cekap, insya Allah ibadah anu dijalankeun salami sasasih Ramadlan bakal janten ibadah anu maqbulah (ditampi Allah SWT), margi samata-mata dijalankeun atas dasar parentahan Allah SWT sareng tuntunan Rasulullah SAW. Malihan sanes wae wungkul bakal ditampi amal ibadahna, oge Allah bakal ngalebetken si jalmi eta di rengrengan hamba-hamba Allah anu takwa, sakumaha tujuan disyare’atkeunana ibadah shaum. Janten hamba-hamba Allah anu tarakwa, taya sanes walesanana kajaba surga sareng maghfirah Allah. 

وَسَارِعُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمَاوَاتُ وَاْلأَرْضُ أُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِينَ
“Jeung geura gagancangan aranjeun kana pangampura ti pangeran aranjeun sarta surga anu legana salega langit jeung bumi anu disadiakeun pikeun jalma-jalma anu tarakwa”

بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الآيات والذكرالحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم


 ......................................................



إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وبعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون. يَأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلىَ الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سيدنا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سيدنا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سيدنا إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سيدنا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سيدنا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سيدنا إِبْرَاهِيْمَ، فى العالمين إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ.
رَبّنَا لاَتُؤَاخِذْ نَا إِنْ نَسِيْنَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلََى اّلذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا رَبّنَا وَلاَ تًحَمّلْنَا مَالاَ طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ.
رَبَنَا ءَاتِنَا فِي الدّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النّارِ. والحمد لله رب العالمين.

بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الآيات والذكرالحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم


Artikel Lainnya:

0 comments: