Peta Situs
Sering Dibaca
-
اللهُ اَكْبَرْ { 9 ×} اللهُ اَكْبَرْ كُلَّمَا هَلَّ هِلاَلٌ وَاَبْدَرَ اللهُ اَكْبَرْ كُلَّماَ صَامَ صَائِمٌ وَاَفْطَرْ اللهُ اَك...
-
Praktek Khutbah Nikah Antara Cita dan Fakta Pernikahan bagi pasangan laki-laki dan wanita merupakan peristiwa sakral yang penting bagi k...
Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 25 Januari 2013
Musibah Banjir
Intisari Khutbah Jum'at di Masjid Al-FatahJalan Limabelas Desa Sukaherang SingaparnaTanggal 25 Januari 2013
الْحَمْدَ
ِللهِ الملك المتعال المنزه من الشركاء والأمثال الذي بيّن لعبا ده الحرام
والحلال. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ شهادة تُصلح القلب واللسان من فساد
الأفعال وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ المنقذ من الضلال. اَللهُمّ
صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وصْحبِهِ بالغدو والآصال أَمّا بَعْدُ. فيَاأَيّهَا الحاضرون رحمكم الله اتّقُوا اللهَ
حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قال الله تعالى: لَقَدْ كَانَ لِسَبَإٍ فِي مَسْكَنِهِمْ آيَةٌ جَنَّتَانِ عَنْ يَمِينٍ
وَشِمَالٍ كُلُوا مِنْ رِزْقِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوا لَهُ بَلْدَةٌ طَيِّبَةٌ
وَرَبٌّ غَفُورٌ
Hadirin sidang Jum’ah rahimakumullah...
Dina danget ieu hujan teras-terasan ngaguyur di ampir
sabagian ageung daerah urang, boh hujan kalayan intensitas alit, sedeng,
atanapi ageung. Di sababaraha tempat hujan anu teras-terasan sareng cuaca awon ieu
parantos ngabalukarkeun bencana anu teu diharepkeun sapertos banjir, longsor, badai,
atanapi cuaca extrim. Malihan ibu kota negara urang, Jakarta, statusna darurat
balukar tina musibah banjir ieu. Numutkeun perhetangan, karugelan tina banjir
eta henteu tanggung-tanggung ditaksir dugi ka 20 trilyun rupia. Teu saalit
fasilitas-fasilitas kahirupan manusa janten reksak, sapertos jalan raya,
kandaraan, gedong pertokoan, sakola, atanapi padumukan-padumukan warga.
Transfortasi oge janten lumpuh, roda pamarentahan sareng perekonomian kaganggu.
Banjir sanes wae parantos nimbulkeun korban sareng karugelan materi tapi oge
non-materi dina bentuk kasangsaraan warga. Kangge ngamulihkeun deui kana kondisi awal anu normal
tangtos meryogikeun waktos, biaya sareng tanagi anu teu saalit.
Lalakon ngeunaan banjir sababaraha kali disebatkeun dina al-Quran, ti kawitan banjir Nabi Nuh A.S. dugi ka banjir ageung anu nimpa kaum Saba. Dina al-Quran disebatkeun, banjir sareng sababaraha bencana anu nimpa umat manusa sabagianana alatan leungeun-leungeun maranehanana sorangan anu ngareksak lingkungan sarta teu mampuh ngajaga kalastarianana. Awalna mangrupikeun palanggaran kana agama sarta parentahan Allah, nanging kadituna janten hiji kajahatan lingkungan. Dina surah ar-Ruum ayat 41 Allah SWT ngadawuh:
ظَهَرَ الْفَسَادُ فِي الْبَرِّ
وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ أَيْدِي النَّاسِ لِيُذِيقَهُمْ بَعْضَ الَّذِي
عَمِلُوا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُونَ
“Geus tembong karuksakan di darat jeung di laut alatan
polah leungeun manusa, anu balukarna Allah nibankeun ka maranehna (wawates
tina) sabagian anu ku maranehna dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir”
Salah sawios banjir hebat anu kantos niban ka umat manusa
dikisahkeun ku Allah SWT dina surah Saba ayat 15 dugi ka 17. Saba awalna
mangrupikeun negeri subur anu pinuh ku kagemahripahan, kamakmuran, sareng
kaendahan (baldatun tayyibatun wa rabbun ghafuur). Kahirupan rahayatna
kajamin lantaran kebon-kebonna pada ngahasilkeun manfaat. Nanging negeri ieu
robih janten ancur lebur alatan banjir dahsyat anu nimpana akibat ulah penduduk anu ngabalieur kana
parentahan Allah, kufur jeung teu daek syukuran kana rezeki anu dipaparinkeun
ku Allah.
لَقَدْ كَانَ لِسَبَإٍ
فِي مَسْكَنِهِمْ آيَةٌ جَنَّتَانِ عَنْ يَمِينٍ وَشِمَالٍ كُلُوا مِنْ رِزْقِ
رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوا لَهُ بَلْدَةٌ طَيِّبَةٌ وَرَبٌّ غَفُورٌ , فَأَعْرَضُوا
فَأَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ سَيْلَ الْعَرِمِ وَبَدَّلْنَاهُمْ بِجَنَّتَيْهِمْ
جَنَّتَيْنِ ذَوَاتَيْ أُكُلٍ خَمْطٍ وَأَثْلٍ وَشَيْءٍ مِنْ سِدْرٍ قَلِيلٍ ,
ذَلِكَ جَزَيْنَاهُمْ بِمَا كَفَرُوا وَهَلْ نُجَازِي إِلَّا الْكَفُورَ .
“Saestuna pikeun urang Saba teh di padumukanana aya hiji tanda
(kakawasaan Pangeran) nyaeta dua kebon, di beulah katuhu jeung kenca. (Ka
maranehna diparentahkeun) Pek geura dalahar tina rezeki Pangeran maraneh, jeung
geura muji syukur ka Mantenna. (Nagara maraneh teh mangrupakeun) Nagara anu
gemah ripah tur endah jeung meunang pangampura ti Pangeran. Tapi maranehna
ngabalieur, ku kituna Kami nibankeun banjir hebat ka maranehna, jeung Kami
ngaganti dua kebon maranehna ku dua kebon anu bubuahanana parait, tangkal
camara jeung sabagian leutik tangkal bidara. Tah kitu Kami males maranehna
alatan kakufuranana. Jeung Kami teu nibankeun wawales (kitu) kajaba ngan pikeun
jalma anu kufur”
Hadirin rahimakumullah...
Lingkungan alam bakal tetep saimang saupami manusa henteu
ngahaja nimbulkeun kareksakan. Kasaimbangan alam eta bakal kajagi saupami unsur
sareng faktor-faktor kalestarian lingkungan kenging perhatosan anu sae ti
manusa. Alam diciptakeun ku Allah numutkeun ukuran sareng karakteristikna anu
tangtos. Kasaimbangan lingkungan sareng karakteristikna anu
dijagi tiasa ngajamin kahirupan manusa sareng makhluk-makhluk anu sanes.
وَالْأَرْضَ مَدَدْنَاهَا
وَأَلْقَيْنَا فِيهَا رَوَاسِيَ وَأَنْبَتْنَا فِيهَا مِنْ كُلِّ شَيْءٍ مَوْزُونٍ
, وَجَعَلْنَا لَكُمْ فِيهَا مَعَايِشَ وَمَنْ لَسْتُمْ لَهُ بِرَازِقِينَ
“Jeung Kami geus ngagelarkeun bumi sarta nancebkeun
gunung-gunung di dinya, sarta Kami nuwuhkeun sagala rupa di dinya numutkeun
ukuran. Jeung Kami geus ngajadikeun di dinya (bumi) kaperluan hirup pikeun maraneh,
jeung pikeun makhluk-makhluk lianna, nu teu kudu disayagikeun rejekina ku
maraneh” (Al-Hijr: 19-20).
Ayat ieu negeskeun yen bumi, gunung-gunung sareng tutuwuhan diciptakeun
sacara saimbang kangge nyumponan kaperluan hirup manusa sareng makhluk-makhluk
anu sejenna.
Eksploitasi diluar kawajaran atanapi kalalangkungan kana alam ieu akibat tina
kasarakahan manusa bakal nimbulkeun kateusaimbangan ekologi, pencemaran sareng
kareksakan lingkungan. Akibatna, bencana atanapi musibah banjir teu tiasa
dihindarkeun deui balukar tina kasawenang-wenangan pambalakkan liar
leuweung-leuweung sareng numpukna runtah-runtah rumah tanggi anu nutup aliran cai di wahangan. Pangwangunan kawasan
industri sareng gedong-gedong pencakar langit anu teu merhatoskeun dampak
lingkungan oge parantos ngagaduhan andil anu ageung dina nyumbang emisi gas
karbon, efek rumah kaca, pencemaran air, tanah sareng udara.
Hadirin rahimakumullah….
Ku hal eta, urang salaku kaum muslimin, sumangga urang sasarengan nerapkeun
pengwangunan berwawasan sareng ramah
lingkungan dina sagala widang, ngagerakkeun umat sangkan tiasa ngajagi kasaimbangan
ekologi minangka salah sawios bentuk
realisasi ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT. Rasa syukur kana kurnia Allah anu dipaparinkeun
dina rupi kakayaan alam, laut, sareng bumi ieu, tiasa diwujudkeun kuurang dina
bentuk ngajagi kabersihan lingkungan sareng nebihkeun diri tina padamelan-padamelan
anu nimbulkeun pencemaran sareng musibah kahirupan. Tos sakedahna urang tiasa ngahemat
dina ngagunakeun energi, cai, sareng bahan bakar, margi alam kamampuhanana
terbatas mung tiasa nyayogikeun kangge sakaperyogian manusa sareng teu mampuh
nyayogikeun kangge nyumponan kasarakahan manusa. Mung kasarakahan manusa anu
tiasa ngajantenkeun bumi ieu reksak sareng nimbulkeun bencana sarta
kasangsaraan manusa, sanaos dalihna pangwangunan. Allah SWT ngadawuh ngeunaan
sifat-sifat jalmi kafir:
وَإِذَا قِيلَ لَهُمْ لَا
تُفْسِدُوا فِي الْأَرْضِ قَالُوا إِنَّمَا نَحْنُ مُصْلِحُونَ , أَلَا إِنَّهُمْ
هُمُ الْمُفْسِدُونَ وَلَكِنْ لَا يَشْعُرُونَ
“Jeung lamun diomongkeun ka maranehna, ‘Poma arandika ulah ngaruksak di
ieu bumi’, maranehna teh ngajawab, ‘Saestuna kami sarerea mah nyieun
kamaslahatan’. Inget! Saestuna maranehna anu ngaruksak teh, tatapina maranehna
henteu sadar” (Al-Baqarah: 11-12).
Hadirin ahli jum’ah....,
Sakitu khutbah singkat anu tiasa kapihatur,
mugia aya manfaatna kangge urang sadaya dina raraga ngalap hikmah tina musibah
banjir kangge ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan urang ka Allah SWT, aamiin
ya rabbal aalamiin.
بارك الله لي ولكم
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سيدنا محمد ابن عبد الله، وَلاَ
حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله
وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا. أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا. رَبَّنَا اصْرِفْ عَنَّا عَذَابَ جَهَنَّمَ إِنَّ عَذَابَهَا كَانَ غَرَامًا ز.َبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ َ الْمُتَّقُوْنَ. يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا. أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا. رَبَّنَا اصْرِفْ عَنَّا عَذَابَ جَهَنَّمَ إِنَّ عَذَابَهَا كَانَ غَرَامًا ز.َبَّنَآ ءَاتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
0 comments:
Posting Komentar