Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 22 Maret 2013

Nyikep Fenomena Kajahatan Akhir-akhir Ieu

Hadirin ahli Jumat rahimakumullah. 

Dina sababaraha sasasih anu pengker ieu, kajahatan anu muncul di penjuru negeri ieu kalintang seuer rupina. Modus anu kacida ngeri sareng sadis sabagian ageung kajantenanana aya di kota-kota besar sapertos Jakarta. Di Jakarta hiji salaki tega ngabunuh pamajikanana ku cara anu sadis nyaeta ku motong-motong atawa ngamutilasi jasadna. Di Klender, Jakarta Timur, malihan aya indung anu teu eungeun-eungeun maehan budakna alatan budakna eta ngabogaan alat kelamin anu ngaleutikan sabada dikhitan. Salajengna di Surabaya hiji bocah dibunuh teras jasadna dicor ku semen.


Numutkeun data pihak kapulisian, angka kajahatan curas (pencurian anu disarengan ku kekerasan), sapanjang taun 2012 di wilayah Jakarta, aya paningkatan 17% dibanding taun 2011. Ti kawitan Januari dugi Desember aya 54.000 kasus kajahatan di wilayah Jakarta sareng sabudeureunana. Ieu hartosna, saupami dirata-rata, satiap 10 menit, genep detik aya hiji kajahatan.

Hadirin rahimakumullah.

Getir urang ningali pamandangan sapertos kitu, di mana nyawa manusia tos teu aya hargana mangsa kiwari ieu. Langkung getir deui nalika aktor-aktor anu ngalakukeun kajahatan sadis eta, ti rengrengan jalmi-jalmi anu salami ieu aya hubungan kulawargi atanapi caket sareng korban, sapertos salaki, indung, pamajikan atanapi anak. Kangge urang, fakta ieu beuki ngabuktoskeun “leresna” dialog malaikat sareng Allah SWT nalika Mantena nyiptakeun khalifah di luhur bumi ieu. Dina dialog eta malaikat ngajengkeun pertarosan retoris ka Allah SWT:

 أَتَجْعَلُ فِيهَا مَنْ يُفْسِدُ فِيهَا وَيَسْفِكُ الدِّمَاءَ وَنَحْنُ نُسَبِّحُ بِحَمْدِكَ وَنُقَدِّسُ لَكَ 

“Naha Gusti bade ngajantenkeun di bumi eta makhluk anu baris midamel kareksakan sareng numpahkeun getih, padahal abdi sadaya salamina ngamahasucikeun Gusti ku muji sareng ngamulyakeun Gusti?” (al-Baqarah: 30).

Nanging cariosan malaikat anu ngagambarkeun manusa makhluk anu sok migawe kareksakan sareng numpahkeun darah, sanes dasar dikengingkeunana tindakan-tindakan kajahatan sapertos pembunuhan. Dialog eta justeru ngagambarkeun ka urang ngeunaan reksakna moralitas manusa anu kedah didangdosan sareng kenging perhatosan serius ti urang.

Seueur faktor anu tiasa ngadorong manusa midamel kekerasan ka sasamana, di antawisna nyaeta lingkungan anu keras. Lingkungan anu keras dina giliranana bakal nyabut rasa nyaah manusa ka sasama, malihan ka dulur nyalira. Bahasa-bahasa pergaulan parantos robih, janten kasar. Sepuh ngatik-ngadidik putra-putrina sanes ku bahasa kanyaah, bahasa cinta, nanging ku bahasa kasar: bahasa-bahasa hedonistik, materialistik, persaingan, sareng sajabina. Akibatna, nilai-nilai akhlak sapertos rahmah sareng qana’ah dina kahirupan saalit-saalit digerus tina jiwa masyarakat ku lingkungan anu keras eta.

Pengamat psikologi sosial nguningakeun, kahirupan anu pinuh ku persaingan keras di masyarakat ngakibatkeun ekses negatif kana perilaku sosial. Marakna kasus pembunuhan sadistis, ngagambarkeun ayana fenomena frustrasi sosial akibat tina himpitan kabutuhan anu ageung, sementawis kamampuhan kanggo nyumponanana henteu aya atanapi sesah. Jalmi ayeuna rupina kirang siap mental-psikologisna kanggo narima kanyataan hirup anu beurat. Akhirna, kanggo ngahontal sareng nagwujudkeun kabutuhan atanapi kahayang anu aya dina impianana ditempuh cara-cara pintas anu mahiwal.

Hadirin rahimakumullah.

Kukituna, fenomena kekerasan di masyarakat ieu, sumangga urang jantentkeun fakta kangge introspeksi diri. Nilai-nilai akhlak anu luhur sakumaha parantos diajarkeun ku Al-Quran sareng dicontoan ku Nabi SAW, sapertos rasa nyaah (rahmah) ka murangkalih, kulawargi, tatanggi, atanapi sasama manusa, sumangga urang jantenkeun deui bahasa pergaulan urang sadidinten. Ngadidik murangkalih ku bahasa cinta sareng bahasa nyaah bakal ngajantenken aranjeuna pribadi-pribadi anu lembut. Nanging ngadidik aranjeuna ku cara-cara anu kasar, ku bahasa-bahasa materialistik sareng hedonistik, bakal ngajantenkeun aranjeuna pribadi-pribadi anu kasar, pribadi-pribadi anu nungtut kana kahirupan anu aya di luar kamampuhanana. Sifat-sifat qana’ah anu direalisasikeun dina sikep hirup sederhana, sumangga urang pintonkeun sareng dijantenkeun gaya hirup, margi kasus-kasus parampokan anu disarengan ku kekerasan salami ieu diantawisna kumargi palaku kajahatan teu ngagaduhan sifat qana’ah dina hirupna ieu.

Mangga urang pelakkeun deui rasa nyaah ieu dina pergaulan hirup di tengah-tengah masyarakat. Nabi SAW ngadawuh:

 الرَّاحِمُونَ يَرْحَمُهُمُ الرَّحْمَنُ ، ارْحَمُوا مَنْ فِي الأَرْضِ يَرْحَمْكُمْ مَنْ فِي السَّمَاءِ 

“Jalma-jalma anu mikanyaah, bakal dipikanyaah ku Dzat anu Mahamikanyaah. Pek geura pikanyaah makhluk-makhluk anu aya di bumi, tangtu makhluk-makhluk anu aya di langit bakal mikanyaah aranjeun” 

Kajahatan saalit oge kedah dicegah. Al-Quran ngagambarkeun jalmi anu ngabunuh hiji jiwa manusa saolah-olah manehna ngabunuh manusa sakabehna (al-Maidah: 32):

 مَنْ قَتَلَ نَفْسًا بِغَيْرِ نَفْسٍ أَوْ فَسَادٍ فِي الْأَرْضِ فَكَأَنَّمَا قَتَلَ النَّاسَ جَمِيعًا وَمَنْ أَحْيَاهَا فَكَأَنَّمَا أَحْيَا النَّاسَ جَمِيعًا 

“Saha anu ngabunuh jiwa manusa, lain karana manusa eta geus ngabunuh manusa sejen, atawa lain karana geus nyieun karuksakan di bumi, maka saolah-olah manehanana geus ngabunuh manusa sakabehna. Jeung saha anu miara kahirupan jiwa manusa, maka saolah-olah manehanana geus miara kahirupan manusa sakabehna.”


Khutbah Jum'at disampaikan pada tanggal 22 Maret 2013
di Masjid Al-Fatah Jalan Limabelas Sukaherang Singaparna

Artikel Lainnya:

0 comments: