Peta Situs
Sering Dibaca
-
الحمد الله الّذى أمرنا بالتّعاون والا تّحاد.ونهاناعن التّخالف والانفراد أشهد انّ لا اله إلا الله وحده لا شريك له شهادة ادّخرها ليوم المعاد....
-
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْم...
Diberdayakan oleh Blogger.
Sabtu, 31 Oktober 2009
Global Warming
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ
إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا عِبَادَ
اللهِ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ
مُّسْلِمُوْنَ ، فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: إنما مثل الحياة الدنيا كماء أنزلناه من السماء فاختلط به
نبات الأرض مما يأكل الناس والأنعام حتى إذا أخذت الأرض زخرفها وازينت وظن أهلها
أنهم قادرون عليها أتاها أمرنا ليلا أو نهارا فجعلناها حصيدا كأن لم تغن بالأمس
كذلك نفصل الآيات لقوم يتفكرون
Hadirin sidang Jum’at Rahimakumullah.
Kiwari dunya nuju mayunan problem anu kacida seriusna ngeunaan issue pemanasan global (global warming) sareng lingkungan hirup. Pemanasan global mangrupikeun fenomena ningkatna suhu rata-rata atmosfir bumi, cai sareng daratan anu ngakibatkeun bumi beuki karaos panas. Reksakna lingkungan hirup ditengarai akibat tina prilaku salah manusia salami ieu dina ngaeksploitasi sareng ngaeksplorasi alam. Akibatna, umat manusa sering ngaraos ningkatna bencana alam anu aneh-aneh. Pemanasan global ngakibatkeun iklim di bumi ieu henteu stabil. Perobihan iklim ieu ditandai ku fakta kagagalan panen, hese cai, naekna permukaan cai laut, ngarebakna wabah panyakit berbahaya, kebakaran hutan, banyir, longsor, halodo, angin puting beliung, perobihan cuaca anu ekstrim, sareng sajabina.
Kiwari dunya nuju mayunan problem anu kacida seriusna ngeunaan issue pemanasan global (global warming) sareng lingkungan hirup. Pemanasan global mangrupikeun fenomena ningkatna suhu rata-rata atmosfir bumi, cai sareng daratan anu ngakibatkeun bumi beuki karaos panas. Reksakna lingkungan hirup ditengarai akibat tina prilaku salah manusia salami ieu dina ngaeksploitasi sareng ngaeksplorasi alam. Akibatna, umat manusa sering ngaraos ningkatna bencana alam anu aneh-aneh. Pemanasan global ngakibatkeun iklim di bumi ieu henteu stabil. Perobihan iklim ieu ditandai ku fakta kagagalan panen, hese cai, naekna permukaan cai laut, ngarebakna wabah panyakit berbahaya, kebakaran hutan, banyir, longsor, halodo, angin puting beliung, perobihan cuaca anu ekstrim, sareng sajabina.
Para ahli oge para pamingpin dunia ngahariwangkeun situasi sapertos kieu.
Numutkeun perkiraan, sapersepuluh warga dunya atanapi sakitar 634 juta penduduk
anu nempatan daerah-daerah basisir
atanapi caket sareng laut bakal kakerem nalika es di kutub bumi ajur akibat
pemanasan global. Data di Departemen Kelautan dan Perikanan Republik Indonesia
mrediksikeun sakitar 20% pulau-pulau anu aya di Indonesia bakal kakerem dina
tahun 2030. Akibatna 70 juta penduduk basisir bakal kakeunaan dampakna.
Kaum muslimin Rahimakumullah,
Tebih-tebih Allah SWT parantos masihan peringatan
ka manusia ngeunaan kamungkinan-kamungkinan kajantenan sapertos ieu, sakumaha
dina dawuhana-Na dina S. Yunus ayat 24:
“Saestuna misil kahirupan dunya teh lir cai (hujan) anu ku Kami diturunkeun
ti langit. Tuluy ku eta cai teh tuwuh tutuwuhan bumi, diantarana aya anu sok
didahar ku manusa jeung sasatoan, nepi ka upama bumi geus sampurna kaendahanana
jeung make papaesna, jeung anu marelakna
nyangka yen maranehna mampu mupu hasilna, ujug-ujug datang kadinya azab Kami ti peuting
atawa ti beurang, tuluy ku Kami (eta tutuwuhan) teh diludeskeun beak pisan,
saolah-olah can kungsi aya tutuwuhan ti kamarina. Nya kitu Kami ngajelaskeun
tanda-tanda kakawasaan (Kami) pikeun kaom anu malikir”. (QS. 10:24)
Ti awal al-Qur’an parantos nyebatkeun yen tos muncul karuskakan sareng kabinasaan di muka bumi ieu akibat ulah manusia. Allah SWT ngadawuh dina Surah Ar-Rum ayat 41:
ظهر الفساد في البر والبحر بما كسبت أيدي الناس
ليذيقهم بعض الذي عملوا لعلهم يرجعون
“Geus
tembong karuksakan di darat jeung dilaut alatan pagawean leungeun-leungeun
manusa, supaya Allah ngarasakeun ka maranehanana sabagian tina (akibat)
pagawean maranehanana, sangkan maranehanana balik (kana jalan anu bener).”
Fenomena pemanasan global, perobihan iklim sareng karuksakan lingkungan eta, erat kaitanana sareng budaya sareng prilaku manusa. Ahli meteorologi di Massachussetts Institute of Technology, Amerika Serikat, nyaurkeun yen pemanasan global mangrupikeun salah sahiji akibat tina kasarakahan manusia
dina ngaruksak
ekosistem leuweung. Pemanasan global sanes fenomena anyar, oge sanes fenomena anu terjadi tiba-tiba ti langit. Pemanasan global sanes sabab, tapi akibat. Akibat tina mode produksi
kapitalistik.
Allah SWT kalayan tegas ngalarang umat manusa migawe karuksakan di muka bumi. Dina ngelola sareng ngamanfaatkeun bumi sarta eusina, umat manusa teu kenging ngabaikeun hukun-hukum Ilahiah boh anu tersurat yakni Kitabullah sareng Sunnah Rasulullah, atanapi anu tersirat yakni Sunnatullah.
Palanggaran kana Kitabullah sareng Sunnatullah, pasti ngakibatkeun malapetaka sarta kasangsaraan dina kahirupan manusia. Kanggo hal eta, maka diperyogikeun peran sareng katerlibatan para tokoh agama, tokoh masyarakat dina nanamkeun pamahaman sareng kasadaran ka umat, sangkan miara kalestarian lingkungan sebagai bagian tina tugas manusa salaku khalifatullah di muka bumi.
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ
الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ
إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ لا نبي بعده، اَللَّهُمَّ صَلِّ وسلم عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ ومن
تبعه الى يوم القيامة. عِبَادَ الله، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ
وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ
يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا
عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ
اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ
وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ. اَللَّهُمَّ افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَّا
بِالْحَقِّ وَاَنْتَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا
حَسنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
0 comments:
Posting Komentar