Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 09 April 2010

Tayangan Televisi

الحمد لله الذي بعث النبيين مبشرين ومنذرين أشهد أن لا إله إلا الله الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله صادق الوعد الأمين. أللهم صل وسلم على سيد المرسلين محمد وعلى آله وصحبه أجمعين. أما بعد, فيا عباد الله اتقواالله حق تقاته ولا تموتن إلا وأنتم مسلون. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا قُوا أَنْفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمْ نَارًا وَقُودُهَا النَّاسُ وَالْحِجَارَةُ عَلَيْهَا مَلَائِكَةٌ غِلَاظٌ شِدَادٌ لَا يَعْصُونَ اللَّهَ مَا أَمَرَهُمْ وَيَفْعَلُونَ مَا يُؤْمَرُونَ .


Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah…..

Kamajengan teknologi informasi, teu tiasa dipungkiri parantos ngalahirkeun dampak luar biasa dina kahirupan manusa. Produk-produk teknologi informasi sapertos televisi, telepon, sareng internet parantos janten sarana anu kalintang penting, sanes mung wungkul diperyogikeun di dunia perkantoran, nanging oge parantos janten aksesoris pola kahirupan jalmi-jalmi mangsa kiwari. Pikeun jalmi muslim, produk-produk teknologi ieu sakedahna tiasa janten media dina enggoning ngawangun kasolehan diri, ngadangdosan citra diri sareng kangge ngadayagunakeun potensi anu dipimilikna.

Pertarosanana ayeuna: naha produk-produk ieu bahaya kangge kahirupan urang? Naha nilai-nilai anu dihasilkeunana bertentangan sareng makna ibadah anu mangrupikeun tujuan hirup urang ayeuna di dunya ieu? Cobi urang lenyepan sakedap hasil survey ngeunaan tayangan televisi:

Benjamin Olken, ekonom ti MIT, sababaraha taun kalangkung kantos ngayakeun panalungtikan ngeunaan pangaruh televisi di kalangan rumah tangga Indonesia. Anu disurvei langkung ti 600 desa di Jawa Timur sareng Jawa Tengah. Hasil panalungtikanana ngebrehkeun padesaan anu panampian sinyal TV-na langkung sae kabuktosan ngagaduhan tingkat partisipasi kagiatan sosial langkung rendah. Hartosna jalmi langkung resep calik dipayuneun televisi tinimbang ancrub dina kagiatan-kagiatan kamasyarakatan. Langkung ti kitu, di padesaan eta oge katawis ayana tingkat kateupercantenan anu langkung kiat di antawis wargana anu ngakibatkeun kerjasama ekonomi sareng dagang janten lesu.

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah….

Kamajengan teknologi informasi tiasa ngahasilkeun dampak positif atanapi negatif. Hal ieu gumantung pisan ka nu ngagunakeunana, naha sisi positifna anu dimanfaatkeunana atanapi sawangsulna. Sakumaha kagambar tina hasil survei tadi, nyaeta kirangna tingkat partisipasi sosial ti jalmi-jalmi anu seueur nongton TV kumargi seueur nyeepkeun waktosna dipayuneun TV bari henteu milah atanapi milih program anu manfaat , maka tiasa disimpulkeun ngeunaan bahaya teknologi informasi terutami televisi saupami henteu dikelola ku management islami, nyaeta:

Kahiji, sarana ghazwul fikri (perang pemikiran) sareng ngareksak akhlak; kadua, sarana sosialisasi budaya permisif, konsumtif, materialis sareng hedonis; katilu, sarana pikeun nyeepkeun waktos kangge hal-hal anu teu manfaat.

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah….

Tilu hal ieu tiasa muncul saupami anu ngalola media elektronik nyaeta jalmi-jalmi anu kapentinganana mung ngudag kauntungan ekonomi wungkul bari teu merhatoskeun sisi atikan, oge jalmi-jalmi anu ngagaduhan tujuan ngarobih akhlak sareng nebihkeun anak bangsa tina nilai-nilai agama. Akibatna, anu hadir dina tayangan televisi, internet sareng media elektronik sanesna, mung program-program anu berbau pornografi, ngadorong pergaulan bebas, budaya hirup mewah sareng materialis. Cobi urang lenyepan naon anu kantos diserukeun ku Samuel Zuemer di payuneun para misionaris dina taun 1935 di Al-Quds: “Tujuan maraneh lain pikeun ngaluarkeun maranehanana tina agamana, tatapina megatkeun hubungan tina tali agamana sahingga henteu ngabogaan ikatan akhlak anu kuat…”


Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah…



Kumargi sakitu, maka urang kedah ngagaduhan sikep anu tepat dina mayunan ragam tayangan televisi, supados urang leres-leres tiasa ngajagi diri sareng kulawargi urang tina ekses-ekses negatif pangaruh tongtonan, diantawisna:


Kahiji, urang kedah tiasa milah sareng milih program anu manfaat tur ngagaduhan nilai pendidikan. Urang teu kenging ngantep diri urang larut dina pilihan anu lepat sumawona ngajerumuskeun putra-putri urang. Sepuh kedah ngaping murangkalihna dina menikmati tayangan TV, oge ngarahkeun kana hal-hal anu sae tur leres kangge masa depanna. Maranehanana teu kenging janten generasi anu ngabaikan ibadah sareng nuturkeun hawa nafsuna. Kiwari teu saalit tayangan sinetron anu henteu ngadidik putra-putri urang, malihan ngadorong maranehanana pikeun nuturkeun model-model kahirupan kiwari anu henteu saluyu sareng ajaran agama. Allah SWT ngadawuh:

فَخَلَفَ مِنْ بَعْدِهِمْ خَلْفٌ أَضَاعُوا الصَّلَاةَ وَاتَّبَعُوا الشَّهَوَاتِ فَسَوْفَ يَلْقَوْنَ غَيًّا , إِلَّا مَنْ تَابَ وَآَمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا فَأُولَئِكَ يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ وَلَا يُظْلَمُونَ شَيْئًا .


“Maka datang saenggeus maranehanana, generasi (anu goreng) anu nyia-nyiakeun shalat jeung nuturkeun hawa nafsu, maka maranehanana jaga bakal manggihan kabinasaan, kajaba jalma anu tobat, iman jeung migawe kasolehan, maka maranehanana eta bakal asup ka syurga jeung moal dirugikeun saeutik oge” (QS. Maryam: 59-60).


Kadua, kedah merhatoskeun waktos kalayan tepat. Teu kenging dugi ka aya waktos anu ngalangkung sia-sia bari henteu aya kasaean anu diwangun, sumawona ngantunkeun kawajiban sapertos shalat. Teu kenging diseepkeun waktos-waktos eta dina tayangan-tayangan gossip, ghibah, pornografi, pornoaksi, infotainment atanapi entertainment anu teu ka alap manfaatna.


Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah….


Mudah-mudahan urang sdaya tetep istiqomah sareng janten hamba-hamba Allah anu saroleh, salamina mempesona ku nilai-nilai Islam di payuneun Allah SWT sareng di payuneun manusa. Wallahu a’lam.

____________________

الحمد لله الذي نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور أنفسنا وسيئات أعمالنا من يهد الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له وأشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أللهم صل وسلم على رسول الله سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن تبعه إلى يوم القيامه. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.

أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.

عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: