Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 24 Maret 2011

Cai Soca

الحمد لله والصلاة والسلام على رسول الله سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن والاه. أشهد أن لا إله إلا الله وأشهد أن محمدا عبده ورسوله, أما بعد, فيا عباد الله اتقواالله حق تقاته ولا تموتن إلا وأنتم مسلون، قال الله تعالى ويخرون للأذقان يبكون ويزيدهم خشوعا


Ma’asyiral Muslimin anu miharep rahmat Allah.

Salah sawios riwayat anu dikutip dina kitab Risalah Qusyaeriyah nyebatkeun, Nabi Syu’aib nangis dugi ka socana teu tiasa ningal, lajeng Allah ngamulihkeun paningalna. Nanging satiap Allah mulihkeun paningalna, soca anjeuna teu tiasa ningal deui kumargi teras-terasan diangge nangis. Maka Allah ngawahyuan ka anjeuna, lamun ku ceurik ieu anjeun miharep surga, Kaula bener-bener geus mikeun surga eta khusus pikeun anjeun; lamun ku ceurik ieu anjeun miharep jauh tina naraka, Kaula bener-bener geus nyalametkeun anjeun tina eta seuneu. Anjeuna ngawaler, nun Gusti sanes ku eta abdi nangis, nanging ku margi hoyong tepang sareng Gusti. Lajeng Allah ngawahyuan deui ka anjeuna, ku lantaran kitu Kaula geus nugaskeun ka anjeun jadi Nabi Kaula jeung anu nyarita ka Kaula sapuluh taun.


Dumasar kana katerangan ieu, tetela anu namina nangis sanes padamelan anu teu aya faidahna. Kantenan saupami tangisan eta lahir tina dorongan spiritual ati sanubari anu pangjerona mangrupi paraosan haru, rindu atanapi sieun ka Allah, maka tangisan eta tiasa janten tawis kana kaelmuan sareng kualitas iman anu bakal ningkatkeun maqam hiji jalmi di payuneun Allah SWT. Diantawis sifat-sifat jalmi anu ngagaduhan ilmu, numutkeun dawuhan Allah SWT dina S. Al-Isra: 107-109, nyaeta aranjeuna sok narangis, nyuuh bari sarujud saupami dibacakeun ayat Al-Qur’an ka aranjeuna, maka kakhusyuan aranjeuna oge langkung tambih-tambih.

إن الذين أوتوا العلم من قبله إذا يتلى عليهم يخرون للأذقان سجدا  ويقولون سبحان ربنا إن كان وعد ربنا لمفعولا ويخرون للأذقان يبكون ويزيدهم خشوعا

“Saestuna jalma-jalma anu dipaparin elmu samemehna, upama  dibacakeun ka maranehna (Al-Qur’an) bluk maranehna nyuuh bari sarujud, bari pokna ‘Maha Suci Pangeran abdi sadaya! Saestuna jangji Pangeran abdi sadaya teh pasti dicumponan’. Jeung maranehna nyuuh bari ceurik sarta tambah khusyu”

Imam Sufyan ats-Tsauri kantos nyaurkeun “Saha jalma anu elmuna bisa ngajadikeun manehanana ceurik, maka manehanana bener-bener jalma ‘alim

Hadirin ahli jum’ah rahimakumullah.

Dua ilmuwan asal Amerika sareng Jerman kantos ngayakeun panalungtikan kangge disertasina ngeunaan cai soca. Hasil panalungtikanana nyimpulkeun yen cai soca anu kaluar kumargi kakepretan bawang atanapi cabe benten sareng cai soca anu kaluar kumargi paraosan sedih sareng kuciwa. Cai soca anu kaluar kumargi kakepretan bawang sareng cabe kabuktosan henteu ngandung racun (toxin), sedengkeun cai soca anu ngucur tina paraosan sedih sareng kuciwa ngandung racun. Kumargi sakitu dua ilmuwan tadi ngarekomendasikeun sangkan jalmi-jalmi anu anu ngalaman paraosan sedih sareng kuciwa langkung sae numpahkeun cai socana, margi cai soca kasedih sareng kuciwa saupami henteu dikaluarkeun bakal ngabalukarkeun dampak awon kana kasehatan lambung.

Nangis anu didorong ku paraosan haru nalika emut, rindu atanapi sieun (khasyyah) ka Allah, atanapi kumargi akibat tina kasadaran kana kalepatan-kalepatan, kalebet kana sapalih padamelan Nabi-nabi sareng para kakasih Allah. Sapalih para wali, ngajantenkeun tangisan minangka media munajat ka Allah. Rasulullah ngadawuh:

عينان لا تمسهما النار: عينٌ بكت من خشية الله، وعينٌ باتت تحرس في سبيل الله رواه الترمذي

“Dua panon anu moal kacabak seuneu naraka, nyaeta panon anu ceurik ku sabab sieun ka Allah, sarta panon anu teu sare sapeupeuting kusabab ngajaga perjoangan di jalan Allah”

Rasulullah SAW ngelompokkeun jalmi anu gampil ngeclakkeun cai socana alatan emut ka Allah nalika nyepi, ti rengrengan jalmi anu bakal kenging naungan Allah engke dina poe kiamat di antawis tujuh golongan jalmi anu sanesna.

ورجلٌ ذكر الله خالياً ففاضت عيناه
Hadirin Ahli Jum’ah.

Nangis teh sae, sehat, sareng janten symbol tina kajujuran. Ahli tasawuf nguningakeun, nangis nalika emut ka Allah mangrupikeun tanda-tanda awal tina rasa mahabbah ka Mantena. Satiap perkara ngagaduhan tanda. Tanda tina terlantarna hiji jalmi di payuneun Allah, nyaeta manehanana sok ngantunkeun nangis. Kitu kasauran Imam Qusyaeri dina Kitabna Risalah Qusyaeriyah:

لكلِّ شيء عَلَم، وعَلَمُ الخذلان ترك البكاء

Teuas sareng lembutna hate hiji jalmi tiasa kaukur tina deraian cai socana. Henteu aya lepatna urang ngeclakeun cai soca jalaran sadar kana dosa, maksiat, sareng kalepatan-kalepatan anu kantos dipilampah. Malihan sikep sapertos kieu kalintang dianjurkeunana supados hate urang janten lembut henteu gersang. Dina syair anu dikutip ku nu nyusun kitab Bustanul Wa’izin wa Riyadlussami’in, ngebrehkeun peryogina urang ngeclakeun cai soca:
فاسفح دموعك عن ذنب أصبت به # فرب دمع جرى للخير مفتاحا

 “Pek kucurkeun cai panon anjeun kusabab dosa anu dipilampah. Teu saeutik keclakan cai panon anu ngalir jadi konci kana kahadean”

Salah sawios mutiara hikmah nerangkeun: Ciri-ciri jalmi anu untung nyaeta nalika anjeuna lahir ka dunya, anjeuna langsung nangis, sementawis jalmi-jalmi anu aya disabudeureunana pada bingah nyambut kahadiranana. Nanging nalika ngantunkeun dunya, anjeuna mesem sareng seuri alatan bingah, sementawis jalmi-jalmi anu aya disabudeureunana pada narangis  sedih dikantunkeun. Rupina urang peryogi ngabayangkeun, naha saupami engke urang pupus, bakal langkung seueur jalmi anu ngajajapkeun mulihna urang ka Allah ku tangisan atanapi malihan sawangsulna maranehanana bakal pada seuri suka bungah?

Kumargi sakitu, sumangga dina sela-sela kasibukan hirup ieu, urang sempetkeun hiji waktos mah kangge ngeclakkeun cai soca dipayuneun aosan-aosan ayat suci al-Qur’an atanapi munajat-munajat ka Allah. Malahmandar deraian cai soca eta tiasa malidkeun urang sadaya ka surga Allah saupami Mantena ngersakeun urang aya dina rahmat-Na. Nanging saupami Mantena ngersakeun urang janten ahli naraka, mudah-mudahan cai soca eta tiasa niiskeun panasna atanapi malihan mareman ngabebelana seuneu eta.
Saupami cai soca karinduan ka Allah teu kantos deui ngeclak dina damis, kantenan saupami cai soca eta teras-terasan garing di luhureun tumpukan dosa sareng maksiat, urang peryogi enggal-enggal introspeksi, naha soca urang parantos ngarindukeun hoyong ningal endahna surga atanapi ngagolakna seuneu naraka?

بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الآيات والذكرالحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم

_______________

الحمد لله الذي نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور أنفسنا وسيئات أعمالنا  من يهد الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له وأشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أللهم صل وسلم على رسول الله سيدنا محمد وعلى آله وصحبه ومن تبعه إلى يوم القيامه. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما. أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات, أللهم اجعلنا من الذين إذا ذكر الله وجلت قلوبهم وإذا تليت عليهم آياته زادتهم إيمانا وعلى ربهم يتوكلون ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.
عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله العظيم لى ولكم.

Artikel Lainnya:

0 comments: