Peta Situs

Kumpulan Catatan Kumpulan Catatan

Sering Dibaca

Diberdayakan oleh Blogger.
Sabtu, 11 Juni 2011

Ma'na Idul Kurban

الله أكبر 9 لا إله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد. الحمدلله الذى أنعم علينا بيوم العيد، أشهد أن لا إله  إلا الله الحميد المجيد، وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله شهادة  تنجينا من عذاب الله الشديد. والصلاة والسلام على سيدنا محمد رسول الله الحميد، وعلى آله وأصحابه الذين سلكوا سبل السلام فى إقامة الإيمان والتوحيد، أما بعد: فيا عبادالله...، إتقواالله حق تقاته ولا تموتنّ إلا وأنتم مسلمون، أعوذ بالله من الشيطان الرجيم: قد كانت لكم أسوة حسنة في إبراهيم والذين معه

Allahu Akbar-Allahu Akbar-Allahu Akbar WaliLLahil Hamd
Tangtos mangrupikeun hiji kanikmatan sareng kabagjaan anu kacida, yen dina dinten ieu urang tiasa ngarayakeun Idul Adha, hari raya anu teu kinten agungna kangge umat Islam di sakuliah dunya sabada dua sasih sateacanna ngarayakeun Idul Fitri. Dina dinten ieu kirang langkung 3 juta umat Islam ti rupa-rupa suku, bangsa, ras, sareng ti rupa-rupa tingkat sosial sareng penjuru dunia pakempel ngabaur di Tanah Suci Makkah al-Mukarromah seja nyumponan panggero Allah ngalaksanakeun ibadah haji.


Idul Adha mangrupikeun hari raya istimewa, margi dua ibadah agung dilaksanakeun sakaligus dina dinten ieu, nyaeta ibadah haji sareng ibadah qurban. Dua-duanana mangrupikeun salah sawios tina syi’ar-syi’ar Allah SWT anu kedah dimulyakeun sareng diagungkeun ku hamba-hamba-Na. Ngagungkeun syi’ar-syi’ar Allah mangrupikeun tanda sareng buktos kana katakwaan hiji jalmi, sakumaha dawuhan Allah SWT  (al-Hajj [22]: 32):

ذلك ومن يعظم شعائر الله فإنها من تقوى القلوب

“Eta teh (parentahan Allah), jeung sing saha anu ngagungkeun kana syi’ar-syi’ar Allah, saestuna eta teh medal tina takwaning ati”

Dua ibadah ieu, nyaeta ibadah haji sareng ibadah qurban tangtos mung tiasa kalaksanakeun kalayan sae ku jalmi-jalmi anu ngagaduhan “kedekatan” sareng Allah, sakumaha makna kecap “qurban” anu asalna tina (bahasa Arab) qaruba-qurbanan” hartosna deukeut. Saupami posisi hiji jalmi tebih ti Allah, tangtos pikeun manehanana langkung sae senang-senang jalan-jalan keliling dunia ku hartana batan indit ka Makkah ngajalankeun ibadah haji. Nanging kangge hamba Allah anu ngagaduhan rasa deukeut sareng Pangeranana langkung sae nyumponan seruan Allah indit ka Makkah: “Labbaik Allahumma Labbaik”. Nya kitu deui ibadah qurban. Jalmi anu tebih ti Allah tangtos bakal beurat ngaluarkeun hartana kangge tujuan ieu. Nanging aranjeuna anu posisina “caket” sareng Allah bakal enteng pisan kangge ngorbankeun sagala anu dipimilikna samata-mata demi nyumponan parentahan Allah SWT


Allahu Akbar-Allahu Akbar-Allahu Akbar WaliLLahil Hamd.
Figur manusa anu caket pisan sareng Allah, anu ku kacaketanana anjeuna dipaparinan gelar Khalilullah (kakasih Allah) nyaeta Ibrahim. Dina ibadah haji peran Nabi Ibrahim teu tiasa dipapalerkeun. Kacatet yen syariat ibadah ieu saleresna dikawitan tina panggilan Nabi Ibrahim dina ngalaksanakeun parentahan Allah. Oge dina ibadah qurban, Nabi Ibrahim tampil deui janten manusa pertama anu kenging ujian ti Allah SWT nalika anjeuna diparentah ku Allah sangkan meuncit putra anu dipikanyaahna, Isma’il.

Saupami Ibrahim henteu ngagaduhan jiwa caket (qurb) sareng Allah, tangtos bakal sulit kangge anjeuna nangtoskeun salah sahiji pilihan diantara dua pilihan: naha parentahan Allah atanapi Isma’il anu kedah diutamikeun. Dumasar kana akal anu normal, tiasa janten Ibrahim bakal langkung ngutamikeun Isma’il anu dipikameumeutna ku cara nyalametkeunana batan merhatoskeun parentah Allah eta. Nanging kabuktosan, Ibrahim mangrupikeun sosok hamba pilihan Allah anu sayogi nyumponan sagala piwaranganan-Na kumaha wae bentukna. Anjeuna teu miharep saupami cintana ka Allah pudar pedah langkung mikacinta ka putrana, Isma’il.

Hadirin sidang Id rahimakumullah.
Dr. Ali Syari’ati nyaurkeun, Isma’il tiasa janten mangrupikeun simbol tina sagala anu dipimilik sareng anu dipikacinta dina kahirupan ieu. Saupami Isma’il Nabi Ibrahim nyaeta putrana nyalira, lajeng saha Isma’il urang? Tiasa janten diri urang nyalira, kulawargi urang, budak sareng istri urang, harta, pangkat sareng jabatan urang. Anu jelas sadaya anu dipimilik ku urang tiasa janten Isma’il urang anu ku hal eta urang bakal diuji. Kacintaan ka Isma’il ieu anu sering ngajantenkeun iman urang goyah atanapi lemah dina ngupingkeun sareng ngalaksanakeun piwarangan Allah. Kacintaan anu kalalangkungan ka Isma’il ieu oge bakal ngajantenkeun urang egois, mentingkeun diri nyalira, sarta sarakah teu kenal batas kamanusaan. Allah SWT ngemutkeun ka urang ngeunaan kanyataan ieu dina dawuhana-Na

قُلْ إِنْ كَانَ آبَاؤُكُمْ وَأَبْنَاؤُكُمْ وَإِخْوَانُكُمْ وَأَزْوَاجُكُمْ وَعَشِيرَتُكُمْ وَأَمْوَالٌ اقْتَرَفْتُمُوهَا وَتِجَارَةٌ تَخْشَوْنَ كَسَادَهَا وَمَسَاكِنُ تَرْضَوْنَهَا أَحَبَّ إِلَيْكُمْ مِنَ اللَّهِ وَرَسُولِهِ وَجِهَادٍ فِي سَبِيلِهِ فَتَرَبَّصُوا حَتَّى يَأْتِيَ اللَّهُ بِأَمْرِهِ وَاللَّهُ لَا يَهْدِي الْقَوْمَ الْفَاسِقِينَ

Pok caritakeun: upama bapa-bapa, budak-budak, dulur-dulur, pamajika-pamajikan, baraya-baraya aranjeun, harta banda anu diusahakeun, perdagangan anu dipikarempan bisi rugi, jeung padumukan-padumukan anu ku aranjeun dipikabetah, leuwih dipikacinta ku aranjeun ti batan Allah jeung rasul-Na jeung jihad dina jalan-Na, nya pek geura tunggu nepi ka Allah ngadatangkeun siksa-Na. Jeung Allah henteu maparin pituduh ka kaom anu parasek“. (At-Taubah: 24)

Kumargi sakitu, ku nitenan katauladanan sareng sikep pangorbanan anu diebrehkeun ku Nabi Ibrahim ka urang, kumaha wae Isma’il urang, naon wae anu dipikacinta ku urang, sumangga urang korbankeun demi ngalaksanakeun parentahan Allah. Teu kenging kacintaan ka isma’il-isma’il ieu ngajantenkeun urang poho ka Allah. Tangtos negeri ieu ngadambakeun pisan hadirna sosok-sosok Ibrahim anu siap midamel kamaslahatan pikeun balarea, sanaos kedah ngorbankeun naon anu dipikacintana.

Hadirin Jama’ah Shalat Idul Adha anu dipihurmat
Kata’atan anu anu teu eleh hebatna dina ngajalankeun parentah Allah nyaeta kata’atan Isma’il dina enggoning nyumponan tugas ramana. Pertarosanana kangge urang: kunaon Ismail hiji budak anu masih keneh belia rela masrahkeun jiwana? Kunaon Isma’il ngagaduhan sikep patuh anu teu kinten luhurna ka nu janten ramana? Nabi Ibrahim salamina ngadu’a:
رب هب لي من الصالحين
“Nun Gusti Pangeran abdi, mugi Gusti maparin kurnia ka abdi (turunan) anu saroleh.” (Ash-Shaffat: 100).
Maka Allah ngajawab kana du’ana:
فبشرناه بغلام حليم
“maka Kami mere kabar gumbira ka manehna ku hiji budak anu kacida sabarna” (ash-Shafaat: 101).
Ieu pisan rahasia kapatuhan Isma’il anu teu tiasa leupas tina peran serta tinu janten sepuhna dina proses bimbingan sareng atikan. Sosok ghulamun halim dina hartos hiji jalmi anu ngagaduhan sifat santun sareng sabar, anu gaduh kamampuhan nyinergikeun antara akal sareng hati nurani, henteu mungkin lahir kitu wae tanpa ngalangkungan proses binaan sareng atikan anu panjang. Sahingga ku kategaranana, Isma’il nyarios ka nu janten ramana ku hiji kalimah anu endah : ‘Nun ama, mangga lakonan saniskanten anu diparentahkeun ka ama teh. Ama bakal mendakan kaayaan abdi insya Allah jadi ti antawis jalmi-jalmi anu salabar’ (Ash-Shaffat: 102)
Sepuh mana anu henteu haru ku jawaban hiji putra anu enteng ngajalankeun piwarangan Allah anu dibebankeun kana pundak ramana? Bapa mana anu henteu haru ningali sosok putrana anu kacida lembut hate sareng perilakuna? Di dieu katingal pentingna atikan atanapi pendidikan kaagamaan pikeun hiji budak dina mangsa maranehna masih keneh leutik, teu kenging ngantos nalika maranehna umur remaja komo deui dewasa. Leres-leres katauladanan Nabi Ibrahim tiasa ka’aos tina kumaha anjeuna ngadidik putrana sahingga janten hiji jalmi anu ngagaduhan predikat ‘ghulamun halim’.

 Allahu Akbar-Allahu Akbar-Allahu Akbar WaliLlahil Hamd.
Kitu diantawisna pelajaran-pelajaran berharga anu tiasa dipetik  kuurang enggoning ngarayakeun idul adha ieu. Idul Adha hadir deui dipayuneun urang pikeun ngemutkeun kana kaluhuran nilai ibadah haji sareng ibadah qurban anu sarat ku pelajaran kasatiakawanan, ukhuwwah, pangorbanan, pendidikan, mayunkeun kapentingan sareng kamaslahatan anu sanes. Mudah-mudahan bakal lahir kulawarga-kulawarga Ibrahim saterasna di bumi tercinta Indonesia ieu anu layak dijantenkeun conto tauladan dina satiap kasaean pikeun sadaya umat.




 --------------------------------








الله أكبر 7 ، لا إله إلا الله والله أكبر ألله أكبر ولله الحمد ألله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا، لا إله إلا الله والله أكبر ألله أكبر ولله الحمد. الحمد لله الذي أمرنا أن نتابع على الرسول الأمين، أشهد أن لا إله إلا الله الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله إمام المتقين وقائد المجاهدين. أللهم صلّ وسلم على سيدنا محمد أشرف الأ نبياء والمرسلين وعلى آله وأصحابه المفلحين والمحسنين، أما بعد: فياأيها الحاضرون إتقواالله لعلكم فائزون فى جنة النعيم وناجون عن العذاب الأ ليم. أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات إنك سميع قريب مجيب الدعوات، اللهم انصر من نصر دين محمد واخذُل من خذل دين محمد. أللهم قوّ إيماننا وأحسن أخلاقنا لنيل رضاك يا رحمن. أللهم إنا نسألك رضاك والجنة ونعوذ بك من سخطك والنار. ربنا آتنا فى الدنيا حسنة وفي الآخرة حسنة وقنا عذاب النار وأدخلنا الجنة مع الأبرار يا عزيز يا غفار يا رب العالمين برحمتك ياأرحم الراحمين والحمد لله رب العالمين.

Artikel Lainnya:

0 comments: