Peta Situs
Sering Dibaca
-
الْحَمْدُ للهِ الَّذِي يُنِيْرُ بِالْهُدَى دُرُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْ...
-
الحمد الله الّذى أمرنا بالتّعاون والا تّحاد.ونهاناعن التّخالف والانفراد أشهد انّ لا اله إلا الله وحده لا شريك له شهادة ادّخرها ليوم المعاد....
Diberdayakan oleh Blogger.
Jumat, 24 Juni 2011
Sedekah
الحمد لله الذى جَعَلَنا مِنْ عِبادِهِ الْمُخْلِصِيْنَ
ووَفَّقَنا لِلْعَمَلِ بِما فيهِ صَلاحُ الاسْلامِ والمسلمين أشهد أن لا اله الا
الله الملك الحق المبين وأشهد أن محمدا عبده ورسوله الصادق الوعد الامين أللهم صل وسلم على سيد
المرسلين محمد وعلى آله وصحبه أجمعين أما بعد، فياأيها الحاضرون اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ
وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. فقال الله تعالى في كتابه
الكريم، لا خير في كثير من نجواهم إلا من أمر بصدقة أو معروف أو إصلاح بين الناس .....الخ
Hadirin Ahli Jum’ah
rahimakumullah.
Dina muqoddimah Khutbah nembe diaosken
salah sawios ayat al-Qur’an, nyaeta Surah an-Nisa ayat 114, anu pihartoseunana
(Wallahu ‘a’lam):
“Teu aya kahadean dina kalolobaan
caritaan-caritaan maranehanana, kajaba caritaan-caritaan ti jalma anu nitah
(manusa) sangkan mere sedekah, atawa milampah kahadean atawa nyieun
karepeh-rapihan antara sasama manusa…”
Dumasar kana dzohir ayat, cariosan anu sae
nyaeta anu marentahkeun sangkan jalmi midamel kasaean, nebihan kamunkaran.
Marentahkeun sedekah oge kalebet kana cariosan anu sae. Ayat al-Qur’an sareng
Hadits seueur nguningakeun kautamian sedekah anu mangrupikeun bagian tina
ibadah sosial. Wujud sedekah henteu kedah mangrupi materi, nanging sakumaha
dawuhan Nabi:
كُلُّ مَعْرُوفٍ صَدَقَةٌ
“satiap amal anu hade mangrupakeun sedekah”.
Janten, saha wae jalmina tiasa midamel sedekah,
bade anu kaya atanapi anu miskin. Sedekah henteu gumantung kana posisi & status
sosial hiji jalmi, aya atanapi henteu ayana harta di eta jalmi. Margi, kangge jalmi muslim,
bujeng-bujeng harta, usikna tiap bubukuan tulang anu aya dina dirina oge tiasa
janten sedekah dina tiap dinten:
كُلُّ سُلاَمَى مِنَ النَّاسِ عَلَيْهِ صَدَقَةٌ، كُلَّ يَوْمٍ تَطْلُعُ
فِيهِ الشَّمْسُ (متفق عليه)
Malihan satiap pepelakan atanapi tatanen anu
dipelak ku urang, teras pepelakan eta dituang ku sasatoan atanapi jalmi, maka hal
eta janten sedekah kangge urang. Rasulullah SAW ngadawuh:
مَا مِنْ مُسْلِمٍ يَغْرِسُ غَرْسًا أَوْ يَزْرَعُ
زَرْعًا فَيَأْكُلُ مِنْهُ إِنْسَانٌ أَوْ طَيْرٌ أَوْ بَهِيمَةٌ إِلَّا كَانَتْ
لَهُ صَدَقَةٌ
“Henteu hiji muslim melak pepelakan atawa tatanduran, tuluy didahar ku manusa, manuk atawa sato, kajaba pikeun manehanana jadi sedekah” (HR: Tirmidzi).
Sedekah ngarangkum kana sagala rupi potensi
kasaean anu disalurkeun ka sasama manusa atanapi ka sadaya makhluk di alam semesta.
Sikep sae urang ka sasatoan, tutuwuhan
atanapi lingkungan ngagaduhan nilai sedekah. Nyakitu deui nafakah, nyampurgaulan
istri sareng kulawargi kalayan sae kalebet sedekah. Dina konteks ngalaksanakeun
sareng ngemban tugas nagara atanapi kamasyarakatan, dimana padamelan eta
dijalankeun kalayan sae, ikhlas, amanah, profesional, maka eta oge janten sedekah
anu ngagaduhan nilai ibadah.
Satiap sedekah ngalahirkeun seueur peluang
kasaean, boh ka diri pribadi anu midamelna atanapi lingkungan sosialna. Kasaean
sedekah bakal dipantulkeun deui ka nu midamelna dina rupi-rupi bentuk, naha eta
dina mangrupi kasucian jiwa (hate anu sedekah janten bersih tina rasa pedit),
sakumaha dawuhan Allah:
خذ من أموالهم صدقة تطهرهم وتزكيهم بها ....
“Cokot sedekah tina sabagian harta-harta maranehanana, ku sedekah eta maneh geus ngabersihkeun jeung nyucikeun maranehanana….”
Atanapi pantulan kasaean sedekah eta dina bentuk damangna
si jalmi anu sedekah tina hiji panyawat, dihasilkeun pamaksadanana sareng
nambihanana harta sacara lahiriah. Urang teu acan kantos mendakan jalmi janten
miskin kumargi sedekah. Sawangsulna, teu saalit conto jalmi miskin ngalimpah
rizkina kumargi sering sedekah. Dawuhan Rasulullah SAW:
مَا نَقَصَتْ صَدَقَةٌ مِنْ مَالٍ وَمَا زَادَ رَجُلًا
بِعَفْوٍ إِلَّا عِزًّا
“Sedekah moal ngurangan tina harta jeung si jalma moal
tambah ku sabab ngahampura kajaba kamulyaanana”. (HR: Tirmidzi)
Hadirin Ahli Jum’ah rahimakumullah.
Sedekah tiasa ngadamangkeun panyawat hiji jalmi, kumargi
energi kasaean sedekah bakal diangkat ka langit dina bentuk du’a-du’a anu nampi
sedekah saterasna dipantulkeun deui ka bumi ka nu midamel sedekah. Ku ayana
sakitu Rasulullah SAW dina salah sawios hadits, kantos miwarang sangkan jalmi
anu teu damang diobatan ku cara sedekah:
داووا مرضاكم بالصدقة وحصنوا أموالكم بالزكاة
“Ubaran jalma-jalma anu garering diantara aranjeun ku
sedekah, jeung jaga harta-harta aranjeun ku zakat” (HR: Baihaqi).
Panyawat anu aya dina diri tiasa janten kumargi urang maksiat
sareng ngalanggar aturan-aturan Allah atanapi sikep teu sae urang ka sasama, anu
balukarna Allah bendu sareng ngalungsurkeun cobian ka urang. Kabenduan Allah ieu
tiasa diredam ku sedekah, sakumaha dawuhan Rasulullah SAW:
إِنَّ الصَّدَقَةَ لَتُطْفِئُ غَضَبَ الرَّبِّ
وَتَدْفَعُ عَنْ مِيتَةِ السُّوءِ
“Saestuna sedekah teh mareuman bebendu pangeran sarta nolak
maot anu goreng” (HR: Tirmizi).
Hadirin sidang Jum’ah rahimakumullah.
Tina sababaraha hadits Rasulullah SAW ngeunaan sedekah, tiasa
disarikeun sakirang-kirangna aya opat kautamian sedekah. Anu kahiji, sedekah
sok nyumpingkeun rizki, kadua sedekah nolak balai, katilu sedekah ngadamangkeun
panyawat, sareng anu kaopat sedekah manjangkeun yuswa. Kumargi sakitu, dina
sabada sasih shaum anu parantos kalangkung sababaraha dinten ieu, dimana dina
sasih shaum eta urang dilatih sangkan ngagaduhan jiwa sosial anu luhur
diantawisna ku cara mayar zakat fitrah, sumangga sumanget berbagi kasaean ieu urang
transformasi-keun deui dina bentuk kabiasaan sareng nyeueurkeun sedekah
ku harta sareng amal padamelan urang, malahmandar Allah ngajantenkeun urang
jalmi anu sae, sanes wungkul sae jiwa pribadina tapi oge sae jiwa sosialna, Aamiin
ya Rabbal ‘Aalamin…
بارك الله لي ولكم
_________________
الحمد لله
الذي نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور أنفسنا وسيئات أعمالنا من يهد
الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له
وأشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. أللهم صل وسلم على رسول الله سيدنا محمد
وعلى آله وصحبه ومن تبعه إلى يوم القيامه. أما بعد, فيا عباد الله أوصينى نفسى
وإياكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون وقال تعالى إن الله وملائكته يصلون على
النبي ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله
وصحبه أجمعين آمين: أللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء
منهم والأموات, ربنا آتنا من لدك رحمة وهيِّء لنا من أمرنا رشدا.
عباد الله , إنالله يأمر بالعدل والإحسان
وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون أستغفرالله
العظيم لى ولكم.
0 comments:
Posting Komentar